Langsung ke konten utama

Bangbarakan

Bangbarakan mangrupa hiji tempat anu misahkeun kampung Lembur Pasir jeung Cebék (Sindangsari). Kusabab éta tempat katelah Bangbarakan, susukan atawa wahangan anu ngamalir ti Begég nepi ka Rawa Bungur katelah ogé Susukan Bangbarakan. Ari sebutan  Lembur Pasir duméh éta lembur aya beulah pasireun kampung Cebék. Ari Cebék, kusabab ayana landeuheun susukan  nya disebut baé cebék, wewengkon handapeun susukan.

Loba carita ngeunaan Bangbarakan, teu jauh béda jeung carita-carita anu sumebar di wewengkon Sunda, biasana rempeg  ku carita sage, carita anu dirojong ku pasualan gaib, jin, lelembut, jurig, jrrd. Dina taun 80-an aya carita, mindeng pisan di éta tempat masarakat nénjo aya jalma anu keur ucang-angé dina jambatan atawa lonéng ngan euweuh sirahan. Jadi inget ka Bang Mandor, anak buah Mak Lampir. Kusabab éta carita ngan jalma anu henteu épés méér wani ngaliwat ka Bangbarakan wanci harieun beungeut atawa peuting.

Sumebarna carita samodél kitu mawa pangaruh anu rongkah kana kahirupan masarakat. Mangsa pabubudak kuring kungsi ngéndong di imah aki, di Lembur Pasir. Wanci sareureuh budak ogé jep baé éta lembur tiiseun, euweuh anu ngalampreng sosorangan ari lain keur boga pancén ngaronda. Kabéh ararasup ka enggonna séwang-séwangan. Barudak ngaguher sararé, kolot ogé sumawona.

Ayana carita sage samodél kitu mémang teu jauh jeung kajadian anu kungsi lumangsung di Bangbarakan pangna éta tempat disebut Bangbarakan. Aya anu nyebutkeun tempat dibarakkeunna mayit (layon) dina mangsa kolonialisme, aya ogé anu nyebut tempat ngabarakna para pajuang kamerdékaan saméméh ngalawan Walanda. Jigana, carita anu kahiji anu leuwih bisa dipercaya kusabab carita susulan anu sumebar di masyarakat teu bisa leupas jeung hal-hal gaib.

Kungsi éta ogé aya anu nanyakeun ka kuring, naon sababna di urang loba pisan carita ngeunaan ririwa, jurig, jeung sabangsana? Naon maksudna kolot-kolot urang nyieun carita kitu? Naha keur nyingsieunan barudak wungkul atawa aya maksud séjén? Carita anu dijieun ku kolot jeung karuhun urang tangtu baé boga maksud utama. Kahiji, keur nartibkeun kahirupan masarakat, utamana keur nyurupkeun antara hiji wanci jeung wanci séjénna, padahal anu disebut jin jeung mahluk lelembut séjén pabeubeurang ogé bisa baé ngulampreng.

Kadua, ku ayana carita kitu, masarakat utamana barudak jadi tuhu kana wanci anu sakuduna. Wanci sareureuh budak kudu ngampih jeung reureuh di imah lain totolosoan jeung ngulampreng ka mana baé. Da kitu kuduna anu matak disebut wanci sareureuh budak ogé. Ngulampreng jeung ulin man aya waktuna. Kolot-kolot urang sok mindeng ngomong ka budak anu masih kénéh ngulampreng dina lain wancina ku kekecapan: poho kana waktu manéh mah! Hartina, dijieunna carita dina wangunan sage boga maksud sangkan jalma apal kana pancén anu kudu dilakonan loyog jeung wancina. Ku jalma modéren bisa baé disebut mitos, tahayul, jjrd tapi kolot-kolot urang henteu boga pikiran samodél kitu. 

Laju mangsa, dina taun 90-an nepi ka ayeuna Bangbarakan jeung lembur anu aya di éta wewengkon mémang aya kénéh tapi saripati carita ngeunaan Bangbarakan, Lembur Pasir, jeung Cebék geus mimiti laleungitan di masarakat. Jalma leuwih milih nyaritakeun hal-hal anu jauh jeung dirina, jalma leuwih resep kénéh nyaritakeun lalakon atawa jejer Dunia Terbalik tibatan kudu nyaritakeun carita sage jeung ririwa anu geus dipandang jeung dicap khurafat. Ari kana carita sinetron jeung film mah tara nyebut carita bohong jeung khurafat kusabab mémang keur dipikaresep ku dirina. 

Balukarna katingali ayeuna, pola jeung jujutan kahirupan jalma rék  kolot atawa budak geus loba anu henteu nyurup deui jeung wanci. Kasieun jalma ku carita sage Bangbarakan geus laas, henteu beurang henteu peuting saha baé tangtu boga kawani ngaliwat ka éta tempat, komo tukang ngeuseup mah. Wanci sareureuh budak geus teu dipaké deui barudak reureuh, reup saré barudak kiwari bisa nepi ka tengah peuting. Geus jadi hukum alam, nalika paripolah jalma geus teu loyog jeung wanci tangtu mawa balukar kana pasualan mental jeung aktivitas fisik. 

Pasualan mental, ulah anéh lamun barudak mangsa kiwari teu kaop kasigeung langsung neunggel, langsung ngajak gelut kusabab métabolisme dina diri barudak henteu tartib deui. Kasieun geus laleungit anu nyésa nyaéta lebér wawanén sanajan picilakaeun di akhir. Kaarifan lokal samodél carita sage Bangbarakan moal meunang tempat nalika dicaritakeun ka barudak kiwari, kaum milenial anu sakeudeung deui asup kana Peradaban Robot, masarakat anu hirupna kumaha kelompok anu ngarémot atawa ngandalikeun. Diadurengéskeun ku béda pilihan dina Pemilu ogé siap baé, teu paduli jeung tatangga atawa dulur, béda pilihan lawan! Ceuk basa ayeuna mah: Tenggelemkan!

KANG WARSA

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Syarat Izin Operasional Padepokan

PEMERINTAH KOTA SUKABUMI DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN Jl. Pelabuan II Km.5 Telp (0266) 221766 Sukabumi

PERSYARATAN IZIN OPERASIONAL SANGGAR/LINGKUNG SENI/ PADEPOKAN SENI
A.PERSYARATAN
1.Membuat Surat Permohonan Izin Operasional SK/Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan 2.Melengkapi Administrasi a.Photo Copy KTP pemilik/pimpinan organisasi. b.Pas Photo 3x4 (2 lembar). c.Membuat Surat Permohonan Izin Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan. 3.Kelengkapan Database a.Sanggar : -Harus ada murisd yang terdata. -Profil/ Daftar Struktur Organisasi sanggar. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan Buku Induk Peserta kursus sanggar. b.Lingkung Seni : -Profil/ Daftar Struktur Organisasi Lingkung Seni. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan  bukti kegiatan Lingkung Seni. c.Padepokan :

Resume Buku: Kyai dan Perubahan Sosial

Buku karya Hiroko Horikoshi berjudul Kyai dan Perubahan Sosial membahas tentang kyai dan ulama di Perdesaan Jawa Barat, Indonesia. Kyai dan ulama adalah gelar ahli agama Islam. Lokus penelitian dilakukan oleh Horikoshi di Kampung Cipari, Garut. Hal penting yang diinginkan dalam penelitiannya tersebut adalah menjawab sebuah persoalan penting yang sering diperdebatkan selama beberapa tahun tentang peran kyai dalam perubahan sosial. Geertz pernah menyoal antara kyai, santri, dan abangan, namun dalam karya Geertz tersebut masih ada kontradiksi pernyataan, tidak tegas, sering muncul pertentangan satu sama lain. Satu sisi Geertz menyebutkan kyai sebagai pemantik ‘kebebasan berusaha’, namun pada sisi lain ia menyebutkan kyai sebagai pemantik bagi masyarakat dalam pengejaran kehidupan di akhirat nanti, hanya bergumul pada persoalan pahala dan dosa saja.[1]




[1] Zamakhsarie Dhofier. 1982. Tradisi Pesantren: Studi tentang Pandangan Hidup Kyai. Jakarta: LP3ES. Hal 5.

Review Buku: Islam Pascakolonial

Kang Warsa - 2014