Langsung ke konten utama

Ngaji De Civitate Dei (Kota Alloh)

Keur usum naon di dayeuh? Oh heueuh keur usum cupras-caprés nya? Kanca  mitra jadi naon dina calagara pilrés taun 2019? Jadi koméntator politik nya? Enya keur anu dina médsos mah. Keur anu aya di lembur samodél kuring ngan bisa ngabandungan wungkul. Lain apatis tapi resep baé nalingakeun kajadian dina posisi anu pas, sangkan sagalana katénjo henteu jauh teuing henteu deukeut teuing. 

Kanca mitra, hayu ayeuna urang guar salah sahiji buku anu diserat ku Agustinus saméméh abad pertengahan. Nyaéta salah sahiji mangsa anu dicatet salaku mangsa jahiliyah keur ukuran wewengkon éropah, ngan keur mangsa digjayana "peradaban Islam" dina sagala widang kahirupan.

Ngotéktak rak Perpustakaan Umum Daérah Kota Sukabumi teu kapanggih buku-buku klasik abad pertengahan. Buku De Civitate Dei vérsi Basa Indonésia ogé lebeng henteu manggihan, lolobana saukur koméntar atawa syarah kana ieu buku. Manggih-manggih buku vérsi Basa Inggris dina Guttenberg Project. 

Bener, lamun diprint geus tangtu merlukeun kertas nepi ka sa-rim leuwih, ieu buku kana 640 kaca. Henteu jauh jeung buku atawa kitab-kitab klasik séjénna, teu béda jeung karya-karya ulama Islam abad pertengahan, tiap kitab mundel ku pangaweruh anu merlukeun pamikiran jeung muterkeun otak, bisa jadi kudu nepi ka olab.

Keur diri kuring, abad pertengahan mangrupa hiji mangsa niléy pangaweruh jeung kaélmuan anu diguar dina al-Quran bener-bener dibumikeun ku para ulama. Dina dunia Kristen Barat ogé kitu. Madrasah-madrasah diwangun ku pangawasa, ruang jeung tempat diskusi dibuka, silih koméntaran antara hiji ulama jeung ulama séjénna (syarah) beuki nambaha jembar pangaweruh mangsa harita. Élmu henteu diwatesan ku kayakinan sabab miboga widangna séwang-séwangan. Tug nepi ka dipikareueusna Ibnu Rusyd, Al-Farabi, Ibnu Sina, nepi ka Al-Ghazali di tiap wewengkon.

Ngeunaan Augustinus, dina sajarah disebutkeun manéhna henteu jauh béda jeung urang-urang, asalna jalma biasa, malah kungsi ngalaman jadi bagéan tina kaum pagan saméméh nangtukeun pilihan ngagem kayakinan Kristiani. Kasalahan-kasalahan dirina dibéjérbéaskeun ku dirina sorangan dina buku Confession (Pangakuan Diri). 

Bener, hirup jalma lain jidar anu lempeng jeung ngaguluyur kitu baé, dipinuhan ku tanjakan jeung pudunan, péngkolan jeung dipinuhan ku runga atawa cucuk. Sabenerna aya hiji buku  karangan salah saurang aktivis Islam –lamun dibaca kalawan tékstual mah- kawas miboga hal anu sarua jeung buku De Civitate Dei (Nagara Alloh) nyaéta Maalim Fii Ath-Thariiq karangan Sayyid Quthb, ngan jelas béda.

Aya 22 bagéan dina buku De Civitate Dei, dimimitian  diserat ku Augustinus dina abad ka-5, taun 410 M. Enya lamun diguar kalawan daria bisa baé merlukeun waktu kana 2 taunan. Ngan itung-itung di ajar, urang pedar baé nepi ka 30 hanca ditambah ku sababaraha koméntar kana pasualan-pasualan anu diguar ku Augustinus ieu. 

Koméntar-koméntar anu rék dipedar tangtu hasil tina nyomotan tina sababaraha buku séjén anu loyog jeung kaayaan mangsa harita, nalika Islam manggung salaku hiji kakuatan kaélmuan anu moal aya bandinganna dina mangsa harita. 

De Civitate Dei kalawan étimologi boga harti Kota Alloh, dina buku vérsi Basa Inggris dibéré judul The City of God. Nilik kana harti kecap, Civitate dicokot tina kecap civic hartina hal-hal anu aya patula-patalina jeung pasualan duniawi. Kadieunakeun kecap civic diturunkeun jadi kecap Civil (sipil) dipaké ku masyarakat modéren sebutan keur komunitas anu miboga 'peradaban' atawa kamotékaran hirup. 

Bisa disebut wajar, Augustinus make kecap Civitate Dei kana kumpulan risalahna, sabab dina kayakinan Kristen, anu disebut sawarga téh nalika niléy ilahi geus nanjeur di ieu bumi. Idéalisme Augustinus samodél kieu teu leupas tina pangaruh Neo Platonisme hiji atikan hirup anu boga maksud nanjeurkeun pamikiran Platon.

Bagéan kahiji dina De Divitate Dei ngaguar pasualan runtuhna Kakaisaran Romawi ku bangsa Pagan, Visigoth. Nalika kakawasaan dicekel ku hiji bangsa anu jauh jeung niléy ilahi nagara dipinuhan ku rupaning kagoréngan. Augustinus nyebutkeun: Many of them, indeed, being reclaimed from their ungodly error (kalolobaan jalma kumawani némbongkeun kagoréngan kalawan nyata). 

Tangtu baé Augustinus ngarasa héran, naon sababna hiji kakaisaran –Romawi- anu geus makalangan dina kahirupan, malah geus ngonvérsikeun kayakinan tina Paganisme kana Kristen dina mangsa kakawasaan Konstantin bisa ditumpurludeskeun ku hiji bangsa anyar malah masih disebut bangsa barbar?

Augustinus méré panyawad kana sikep masyarakat Romawi kusabab geus ngawujud jadi jalma-jalma anu saolah-olah mikareueus kana ajaran-ajaran Nabi Isa (Kristus) padahal leuwih mentingkeun kaluginaan hirupna séwang-séwangan. Augustinus nyerat: "they attribute not to our Christ, but to their own good luck". 

Sikep pinuh ku kasieun nalika kamashuran hirup teu kacumponan ieu geus ngajauhkeun diri bangsa Romawi kana sumangat kakompakan. Anu ngawujud dina kahirupan nyaéta silih curiga jeung papada, batur maju dina hirup dicuriga, sirik pidik jeung papada. 

Entong boro buméla ka nagara, jalma-jalma samodél kieu anu jelas leuwih milih ngajauhkeun diri kalawan kaluar ti puseur kakawasaan, ngajauhan serangan Bangsa Visigoth. Geus euweuh deui niléy: For to this earthly city belong the enemies against whom I have to defend the city of God, sakumaha anu dilakukeun ku Augustinus. 

Naon hal anu kaalaman ku kakaisaran Romawi dina taun 410 M kungsi diguar ku Ibnu Khaldun dina seratanna Muqaddimah. Dua hal anu ngalantarankeun hiji bangsa ngawujud jadi ummat atawa masyarakat anu mundur. Kahiji, nalika anggota masyarakat geus henteu bisa meruhkeun sikep agréssif sato anu aya dina dirina, hartina dina umat atawa kelompok masyarakat samodél kitu euweuh jalma anu dijadikeun conto jeung dipikasérab ku umat. 

Kadua, Ibnu Khaldun mertélakeun téori siklus nalika nalungtik kaayaan masyarakat dayeuh jeung lembur. Masyarakat urban leuwih mentingkeun dirina sorangan antukna solidaritas leungit dina kahirupan. Sakumaha anu kaalaman ku masyarakat Romawi anu ngawujud jadi masyarakat melempem ku sumanget buméla ka papada. Tangtu baé masyarakat urban bakal jauh tina niléy ilahi.

Hal éta anu kaalaman ku bangsa Romawi nalika ditumpurludeskeun ku banga Visigoth. Augustinus nyebutkeun kusabab masyarakat geus jauh tina papagon hirup, aturan anu sakuduna digugu, hal anu kudu karandapan - di akhérat -  ku tukang nyiptakeun kagoréngan antukna diwujudkeun ku Anu Maha Kawasa di dunya kénéh. 

Bangsa Romawi anu geus dijadikeun bangsa nu gedé  tapi kurang bisa syukur kanu Maha Kawasa. Therefore ought they to give God thanks, and with sincere confession flee for refuge to His name, that so they may escape the punishment of eternal fire -- they who with lying lips took upon them this name, that they might escape the punishment of present destruction.

Kang Warsa
Guru MTs Riyadlul Jannah – Anggota PGRI Kota Sukabumi

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Syarat Izin Operasional Padepokan

PEMERINTAH KOTA SUKABUMI DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN Jl. Pelabuan II Km.5 Telp (0266) 221766 Sukabumi

PERSYARATAN IZIN OPERASIONAL SANGGAR/LINGKUNG SENI/ PADEPOKAN SENI
A.PERSYARATAN
1.Membuat Surat Permohonan Izin Operasional SK/Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan 2.Melengkapi Administrasi a.Photo Copy KTP pemilik/pimpinan organisasi. b.Pas Photo 3x4 (2 lembar). c.Membuat Surat Permohonan Izin Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan. 3.Kelengkapan Database a.Sanggar : -Harus ada murisd yang terdata. -Profil/ Daftar Struktur Organisasi sanggar. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan Buku Induk Peserta kursus sanggar. b.Lingkung Seni : -Profil/ Daftar Struktur Organisasi Lingkung Seni. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan  bukti kegiatan Lingkung Seni. c.Padepokan :

Review Buku: Islam Pascakolonial

Resume Buku: Kyai dan Perubahan Sosial

Buku karya Hiroko Horikoshi berjudul Kyai dan Perubahan Sosial membahas tentang kyai dan ulama di Perdesaan Jawa Barat, Indonesia. Kyai dan ulama adalah gelar ahli agama Islam. Lokus penelitian dilakukan oleh Horikoshi di Kampung Cipari, Garut. Hal penting yang diinginkan dalam penelitiannya tersebut adalah menjawab sebuah persoalan penting yang sering diperdebatkan selama beberapa tahun tentang peran kyai dalam perubahan sosial. Geertz pernah menyoal antara kyai, santri, dan abangan, namun dalam karya Geertz tersebut masih ada kontradiksi pernyataan, tidak tegas, sering muncul pertentangan satu sama lain. Satu sisi Geertz menyebutkan kyai sebagai pemantik ‘kebebasan berusaha’, namun pada sisi lain ia menyebutkan kyai sebagai pemantik bagi masyarakat dalam pengejaran kehidupan di akhirat nanti, hanya bergumul pada persoalan pahala dan dosa saja.[1]




[1] Zamakhsarie Dhofier. 1982. Tradisi Pesantren: Studi tentang Pandangan Hidup Kyai. Jakarta: LP3ES. Hal 5.

Kang Warsa - 2014