Langsung ke konten utama

Nyubuh

TILU hal (pagawéan) geus jadi kabiasaan di masyarakat Sunda dilakonan salila bulan puasa, nyaéta; nyubuh, ngabeubeurang, jeung ngabuburit. Lain jadi kabiasaan anu dilakonan ku pagawéan wungkul, malahan geus jadi babasaan di masyarakat urang  tilu istilah tadi remen diomongkeun, jigana ti mimiti Islam sumebar di ieu wewengkon.

Kudu diaku, dua kecap séjénna, nyubuh jeung ngabeubeurang mémang kurang pati kawéntar lamun dibandingkeun jeung kecap ngabuburit kusabab ieu kecap geus jadi basa serepan anu dipaké ku masyarakat Indonesia. Teu dimana-mana, kagiatan anu dilakonan keur mapag waktu maghrib biasa disebut ngabuburit. Geus ampir sa-dekade lilana, salah sahiji produk roko/udud ngajadikeun ngabuburit minangka salah sahiji promo produkna.

Kabiasaan nyubuh geus jadi hiji fénoména di lingkungan atawa wewengkon rural jeung padésaan dina bulan puasa. Réngsé nedunan solat subuh, kolot jeung budak laleumpang mapay jalan, nyukcruk lembur nepi ka wanci carangcang tihang. Disebut nyéhatkeun awak jeung pikiran ogé pantes, hawa isuk masih kawilang seger – ceuk ahli lingkungan mah – can kakontaminasi ku unsur-unsur polusi. 

Sabenerna, keur masyarakat di pilemburan, nyubuh lain kabiasaan anu dilakonan  salila bulan puasa wungkul. Masyarakat rural anu masih kabulen ku adat jeung tetekon biasa hudang pajanari-janari, duk-dek jeung cuh-cih di dapur, nimba cai di sumur ngeusian bak, anu jadi kolot tara kagok ngahudangkeun budak. Hudang beurang atawa nalika panon poé geus meleték geus pasti disebut 'kebluk'. Malahan, mandi paisuk-isuk ogé mangrupa ciri khusus kabiasaan di lembur, hawa tiris tara ditolih da ceuk karuhun mandi paisuk-isuk matak miceunan panyakit jeung matak manjangkeun umur.

Kaayaan tangtu béda jeung robah, ngaranna ogé kabiasaan jeung tradisi, dipangaruhan ku rupaning hal anu teu bisa leupas dina kahirupan jalma-na. Masyarakat anu cicing di hiji gurun tangtu baé bakal mentingkeun klanisme jeung sikep ashobiyyah, sabab tungtutan kahirupan di wewengkon samodél kitu nyaéta wiwaha klan atawa séké-sélér. Lamun perlu perang jeung ngadu pakarang jeung klan-klan séjénna ogé dilakonan. Tangtu béda jeung kabiasaan di wewengkon anu dipinuhan ku tutuwuhan, héjo ngémplohna tangkal saperti di wewengkon urang, justru sikep kontémplatif anu diheulakeun jeung diténjokeun ku masyarakatna.

Kitu ogé dina pasualan nyubuh, masyarakat kota moal pati mentingkeun nyubuh dilakonan salila bulan puasa, sabab kaayaan di kota geus henteu pati ngarojong kana sikep kontémplatif jalma, ti janari ogé geus ramé ku rupaning alat patalimarga. Keuna ku paribasa; kota mangrupa wewengkon anu teu ngalaman pareum jeung peureum. Euweuh paéhna ceuk basa barudak mah. Istilah 'kebluk' ogé kurang pati dipaliré ku jalma anu cicing di wewengkon urban.

Henteu kungsi ngadagoan waktu satengah abad, wewengkon rural-urban saperti Baros, Cibeureum, jeung Lembursitu ogé geus kagerus ku budaya kota. Wewengkon rural-urban mangrupa wewengkon transisi tina kabiasaan/budaya gammeinschaft kana budaya gesselschaft. Nyubuh jeung ngabeubeurang geus kurang pati ditolih deui. Masyarakat rural-urban atawa bisa disebut masyarakat néo urban leuwih merenah caricing di imah saba'da nedunan solat subuh sabari gogoléhéan dina kasur, lalajo film salila bulan puasa.

Lain carita bohong, saméméh aya Jalur Lingkar Selatan  nepi ka ieu jalan diwangun, can pati mahabu ku léséhan, terminal ogé can aya, Lingkar Selatan jadi puseur aktivitas masyarakat ngalakonan nyubuh salila bulan puasa. Ti réngsé subuh nepi ka panon poé meleték, masyarakat minuhan jalan, laleumpang, pasuliwer ka kulon ka wétan. Ayeuna? Ieu tempat geus henteu bisa dijadikeun tempat nyubuh anu idéal, ti isuk nepi ka isuk deui lain jalma anu pasuliwer tapi geus dipinuhan ku mobil jeung motor.

Balukar anu tumiba nalika kabiasaan anu geus ratusan taun dilakonan ku karuhun-karuhun urang tuluy dipopohokeun atawa diapilainkeun ku masyarakat ayeuna tangtu baé kacida rongkah. Geus jadi sabiwir hiji kusabab masyarakat leungiteun tapak, utamana leungitna sikep kontémplatif dina kahirupan teu saeutik paripolah urang anu nuduhkeun sikep kurang asak sasar. Pamustunganna, lain ngaheulakeun pikiran dina milampah hiji hal tapi leuwih mentingkeun nafsu jeung kahayang diri. Loba hal anu henteu kaurus, buruan imah dipinuhan ku jimbrungna jukut ogé diantep ku alesan henteu kasiwer, loba pagawéan séjén anu ku urang dianggap leuwih penting.

Sikep ieu tangtu mawa balahi kana hal anu leuwih gedé. Sababaraha  wewengkon di Bali, masyarakatna masih ngésto kana kabiasaan jeung tetekon anu geus diwariskeun ku karuhun-karuhunna, konéksi antara alam jeung jalma masih nyambung, mawa kana kahadéan, alam ogé surti sorangan nyumponan pangabutuh jalma jeung masyarakat. Béda pisan jeung di urang, keur nata jeung ngokolakeun jalan, trotoar, nepi ka ngokolakeun lingkungan ogé dilakonan ku sikep adu rényom hela, silih salahkeun. Masyarakat nyalahkeun pamaréntah, sumawona pamaréntah sorangan teu boga tarékah anu 'ces-pleng' keur ngaréngsékeun pasualan lian ti nyebut masyarakat bawél teuing.

Aya benerna Carpon anu diserat ku A.A Navis, Robohnya Surau Kami, dina éta karya sastra disebutkeun: urang moal asup ka sawarga kitu baé, nalika alam anu geus dibikeun kalawan 'gratis' ku Anu Maha Kawasa, kari-kari ku urang kurang pati dipaliré, diantep, jeung henteu dikokolakeun kalawan samistina. Runtah mancawura di jalan, trotoar tincakeun jalma dipaké dagang, macét salila puasa jeung bulan séjénna, éta mangrupa cocoba jeung akibat tina kurang dipulasara jeung dipupustina kabiasaan atawa tradisi alus anu geus diwariskeun ku karuhun ka urang.

Geus cunduk waktuna, masyarakat di urang kudu ngalobakeun deui kabiasaan anu geus mimiti runtag dina ieu kahirupan; nyubuh, ngalobakeun kontémplasi, dzikir, jeung niiskeun diri sangkan alam ogé mere pangbubungah ka masyarakat  urang. Kahirupan lain dipinuhan ku padungdengan anu euweuh tungtungna maraséakeun paisan kosong, pilkada, pilpres, pileg, popolitikan jeung rupaning hal anu ngan saukur kahontal nepi kana genggerong/ucapan wungkul bari teu nepi kana haté jeung nurani kahirupan, sumawona jadi diprakkeun mah.

Kang Warsa
Guru MTs Riyadlul Jannah – Anggota PGRI Kota Sukabumi

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Syarat Izin Operasional Padepokan

PEMERINTAH KOTA SUKABUMI DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN Jl. Pelabuan II Km.5 Telp (0266) 221766 Sukabumi

PERSYARATAN IZIN OPERASIONAL SANGGAR/LINGKUNG SENI/ PADEPOKAN SENI
A.PERSYARATAN
1.Membuat Surat Permohonan Izin Operasional SK/Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan 2.Melengkapi Administrasi a.Photo Copy KTP pemilik/pimpinan organisasi. b.Pas Photo 3x4 (2 lembar). c.Membuat Surat Permohonan Izin Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan. 3.Kelengkapan Database a.Sanggar : -Harus ada murisd yang terdata. -Profil/ Daftar Struktur Organisasi sanggar. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan Buku Induk Peserta kursus sanggar. b.Lingkung Seni : -Profil/ Daftar Struktur Organisasi Lingkung Seni. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan  bukti kegiatan Lingkung Seni. c.Padepokan :

Review Buku: Islam Pascakolonial

Resume Buku: Kyai dan Perubahan Sosial

Buku karya Hiroko Horikoshi berjudul Kyai dan Perubahan Sosial membahas tentang kyai dan ulama di Perdesaan Jawa Barat, Indonesia. Kyai dan ulama adalah gelar ahli agama Islam. Lokus penelitian dilakukan oleh Horikoshi di Kampung Cipari, Garut. Hal penting yang diinginkan dalam penelitiannya tersebut adalah menjawab sebuah persoalan penting yang sering diperdebatkan selama beberapa tahun tentang peran kyai dalam perubahan sosial. Geertz pernah menyoal antara kyai, santri, dan abangan, namun dalam karya Geertz tersebut masih ada kontradiksi pernyataan, tidak tegas, sering muncul pertentangan satu sama lain. Satu sisi Geertz menyebutkan kyai sebagai pemantik ‘kebebasan berusaha’, namun pada sisi lain ia menyebutkan kyai sebagai pemantik bagi masyarakat dalam pengejaran kehidupan di akhirat nanti, hanya bergumul pada persoalan pahala dan dosa saja.[1]




[1] Zamakhsarie Dhofier. 1982. Tradisi Pesantren: Studi tentang Pandangan Hidup Kyai. Jakarta: LP3ES. Hal 5.

Kang Warsa - 2014