Langsung ke konten utama

Ngadoni

Kuring kungsi nyerat 'status' dina facebook eusina kieu: dina mangsa Pilkada mah, bapa-bapa ogé ngadadak jadi resep ngomongkeun kagoréngan batur, utamana ngomongkeun calon anu teu dirojong ku maranéhna. Malahan bisa jadi, ngecebrek jeung ngerewihna ngomongkeun kagoréngan batur téh geus alabatan awéwé anu biasa 'ngarumpi' di tempat nyeuseuhan atawa MCK umum.

Antara taun 70-an nepi ka taun 90-an katompérnakeun, kecap 'ngadoni' jeung 'ngupat' jadi sabiwir hiji di masyarakat urang. Anu jadi nini kungsi ngomong kieu: " Ulah sok ngadoni waé!". Kecap ngadoni dicokot tina kecap 'dzan' (Basa Arab) hartina sangkaan, praduga, ngaduga-duga. Ditambahan ku kecap 'su-u', pihartiuenna jadi goréng sangka. Geus jadi babasaan ayeuna mah kecap 'su-u dzan' di masyarakat. Lawan kecapna nyaéta husnu-dzan atawa alus sangka ka batur.

Ngadoni mangrupa hiji pagawéan goréng ngan ngeunah dilakonan. Lain hal anéh diri urang ngadadak jadi capétang nalika ngaguar kagoréngan batur. Biwir urang ogé ngadadak jadi lancar teu pégo deui dina ngomongkeun batur nalika aya anu 'ngabalakan'. Mémang henteu karasa sok sanajan dina al-Quran ditamsilkeun jalma anu sok ngomongkeun kagoréngan batur sarua jeung jalma anu keur ngadahar bangké. Moal kaambeu bauna, sabab bangké-na dikerebekkeun dina rupaning bumbu anu seungit.

Ku mindengna ngalakonan ngadoni,  hal-hal anu can tangtu bener jeung masih samar ogé ngelemeng ngadadak dipercaya ku balaréa, saolah ngajanggélék jadi hiji fakta. Sakeclak kagoréngan hiji jalma ngadadak nutupan ratusan kahadéan anu geus dilakonan. Jalma geus teu bisa nganiléy sagala rupa kalawan obyéktif. Contona: pamaréntah geus nyieun tarékah sangkan jalan jeung gang laleucir jeung aralus di tiap wewengkon, ngan ku sikep goréng sangka, urang bakal leuwih merhatikeun jalan jeung gang anu barohak, tuluy nyawad pamaréntah bari urang sorangan teu kungsi nyieun tarékah menerkeun naon anu ku urang disebut goréng.

Jalma anu hirupna geus dipinuhan ku kaceuceub ka batur bakal biasa muter balikkeun kaayaan. Anu bener disalahkeun, anu salah disamarkeun sangkan disebut bener. Geus puguh dina dunya maya mah, jalma bisa baé ngagunakeun akun anu ngahaja dijieun keur ngagogoréng batur. saolah ngébréhkeun fakta, sedengkeun manéhna ogé aya dina dunya anu lain ngébréhkeun jati dirina. Ku Plato, jalma samodél kieu diibaratkeun manusa anu cicing di jero guha, ngan bisa nénjjo kalangkang  jalma anu ngaliwat hareupeun guha tapi geus atoh sabari émprak saolah manéhna geus manggihan hiji réalitas sajati.

Sabenerna urang-urang kénéh anu kudu bisa ngabuktikeun mana kalangkang jeung mana wujud atawa dedegan jalma anu saenyana. Mana fakta jeung mana anu disebut opini. " Jalan téh barutut, gang ogé geus rarajét!" Ceuk diri urang sabari masangkeun foto jalan jeung  gang, tuluy ditambahahan ku katerangan: Ieu fakta. Kekecapan atawa kalimat anu nerangkeun jalan jeung gang barutut henteu bisa disebut fakta tapi mangrupa opini atawa kamandang dina diri urang. Fakta anu saujratna nyaéta: jalan jeung gang arék alus atawa goréng miboga fungsi mangrupa sarana, tempat  jalma-jalma ngaliwat. Alus jeung goréng ngan saukur rarasaan diri urang wungkul.

Fakta anu sabenerna ngeunaan jalan jeung gang anu difoto tuluy dibéré katerangan 'goréng' ku diri urang lain obyékna (jalan jeung gang), tapi kagoréngan diri urang anu ngan saukur bisa motoan jalan jeung gang butut bari teu ngalakonan tarékah nanaon. Tujuan 'ngunggah' foto jalan jeung gang anu ruksak ogé lain keur meuneurkeun éta jalan tapi keur ngagogoréng pamaréntah anu keur manggung saolah teu bisa gawé, ceuk sangkaan urang-urang kénéh. 

Ngan ulah hariwang, dina waktuna mah jalma samodél kieu bakal babalik pikir. Sahenteuna bakal ngerém ku dirina sorangan, moal  ngawur-ngawur deui kagoréngan batur. Antepkeun baé, engké ogé capéeun sorangan. Dina can capéeunna ogé paling banter ngangajak batur-baturna anu mémang boga pasipatan jeung tabéat anu sarua, tukang ngadoni atawa ngecebrek ngomongkeun batur saperti kuring ayeuna keur ngerewih nulis ngomongkeun diri urang jeung ieu kahirupan. 

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Syarat Izin Operasional Padepokan

PEMERINTAH KOTA SUKABUMI DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN Jl. Pelabuan II Km.5 Telp (0266) 221766 Sukabumi

PERSYARATAN IZIN OPERASIONAL SANGGAR/LINGKUNG SENI/ PADEPOKAN SENI
A.PERSYARATAN
1.Membuat Surat Permohonan Izin Operasional SK/Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan 2.Melengkapi Administrasi a.Photo Copy KTP pemilik/pimpinan organisasi. b.Pas Photo 3x4 (2 lembar). c.Membuat Surat Permohonan Izin Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan. 3.Kelengkapan Database a.Sanggar : -Harus ada murisd yang terdata. -Profil/ Daftar Struktur Organisasi sanggar. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan Buku Induk Peserta kursus sanggar. b.Lingkung Seni : -Profil/ Daftar Struktur Organisasi Lingkung Seni. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan  bukti kegiatan Lingkung Seni. c.Padepokan :

Review Buku: Islam Pascakolonial

Resume Buku: Kyai dan Perubahan Sosial

Buku karya Hiroko Horikoshi berjudul Kyai dan Perubahan Sosial membahas tentang kyai dan ulama di Perdesaan Jawa Barat, Indonesia. Kyai dan ulama adalah gelar ahli agama Islam. Lokus penelitian dilakukan oleh Horikoshi di Kampung Cipari, Garut. Hal penting yang diinginkan dalam penelitiannya tersebut adalah menjawab sebuah persoalan penting yang sering diperdebatkan selama beberapa tahun tentang peran kyai dalam perubahan sosial. Geertz pernah menyoal antara kyai, santri, dan abangan, namun dalam karya Geertz tersebut masih ada kontradiksi pernyataan, tidak tegas, sering muncul pertentangan satu sama lain. Satu sisi Geertz menyebutkan kyai sebagai pemantik ‘kebebasan berusaha’, namun pada sisi lain ia menyebutkan kyai sebagai pemantik bagi masyarakat dalam pengejaran kehidupan di akhirat nanti, hanya bergumul pada persoalan pahala dan dosa saja.[1]




[1] Zamakhsarie Dhofier. 1982. Tradisi Pesantren: Studi tentang Pandangan Hidup Kyai. Jakarta: LP3ES. Hal 5.

Kang Warsa - 2014