Langsung ke konten utama

Kate, Leopold, jeung Nokia

Keur ramé deui ku kajadian ahéng di ieu nagara. Henteu kapalang, kelompok téroris ngacak-ngacak  Pangbérokan Mako Brimob nepi ka maténi lima urang pulisi. Ku cara mikir  basajan ogé urang bisa nyokot kacindekkan, kalakuan téroris di mana baé ayana kacida biadab. Tujuanna lain hayang meunang karidoan tinu Maha Kawasa, tapi kalanggengan maranéhna dina nyumebarkeun kaceuceub jeung kasieun ka balaréa. Pijauheun ari maranéhna hayang diasupkeun ka sawarga mah, ka mahluk anu geus diciptakeun ku Alloh ogé kumawani maéhan.

Kamandang  jeung pikiran jalma ogé rupa-rupa jeung béda-béda nyual kana pasualan di luhur. Aya anu ngébréhkeun sikep émpati, némbongkeun rasa sedih ka kulawarga jeung ka para pulisi anu tiwas. Aya anu hambar baé, saolah mangrupa hal biasa, saolah euweuh kajadian nanaon, malahan aya anu némbongkeun sikep sindir-sampir, anu dibahas ku maranéhna lain tiwasna lima urang pulisi tapi nyual jeung ngaluarkeun pananya: Kunaon Ahok anu teu dipaténi ku kelompok téroris? Dina palebah ieu  kaciri pisan, mana jalma anu masih boga haté jeung mana jalma anu haténa geus kabuleun ku amarah jeung angkara.

Cag heula pasualan di luhur. Ayeuna urang nyaritakeun kahirupan urang lembur anu kasebut basajan, jauh jeung pamikiran-pamikiran politis. Jauh saméméh ramé ku kamajuan dina widang téknologi jeung informasi, ponsél canggih ogé can minuhan alam nyata jeung pikiran jalma. Dina  taun 2001, perusahaan Finlandia, Nokia, mimiti némbongkeun wiwahana. Dina tv jeung papan réklame dipintonkeun motto ponsél kaluaran Nokia ku kalimah: Connecting People. Bisa dibéré harti ngahijikeun rasa  atawa nyambungkeun rasa jalma, ceuk basa urang lembur mah silaturahmi. Ngan tangtu baé nyambungkeun rasa jalma ku hasil kamotékaran hirup jalma ieu  kudu dibayar ku harga anu mahal. Boga duit 250 réwu nepi ka sajuta, dina mangsa harita ngan ukur bisa kabeuli kartu (SIM-Card) ponsél. Harga ponsélna antara sajuta satengah nepi ka tilu jutaan.

Pikiran jalma ampir sarua, hayang pisan miboga ponsél mérék Nokia. Mimiti ramé jalma nyarekel ponsél dina mangsa harita bener-bener mintonkeun sikep silaturahmi atawa 'connecting people' ceuk motto Nokia mah. Jalma –utamana para nonoman- miboga ponsél lain saukur diudag pangabutuh sangkan bisa ngawangkong jeung papada baturna dina jarak anu jauh, tapi ngungudag rasa sangkan teu kasebut kurang maju. Teu penting dina mangsa harita mah nelepon atawa nga-SMS, leuwih penting kénéh ngariung sabari silih témbongkeun ponsél jeung papada. Araratoh boga ponsél 'polyponic' ogé. Ngumpul ngariung. Layanan SMS digunakeun saperluna, keur hal-hal anu penting wungkul. Bakal mikir dua kali saha baé ogé nalika arék ngirim SMS ka sasama, keur nyalukan babaturan anu deukeut mah cukup digeroan baé.

Nokia bisa disebut rajana téknologi  dina widang télé-komunikasi. Hiji perusahaan Finlandia anu ngadeg dina taun 1865, lain perusahaan télé-komunikasi harita mah tapi mangrupa hiji pabrik, bisa sebut panggilingan. Ngaran Nokia sorangan dicokot tina ngaran hiji lembur tempat éta pabrik diadegkeun. Untung baé ayana di Finlandia, kacipta lamun éta pabrik ayana di Balandongan atawa Cikundul, bisa jadi ngaran perusahaan natéh Balandongan Manufacture atawa Cikundul Corp. Ceuk kuring, ngawujudna Nokia jadi raja téknologi  informasi teu leupas tina sikep jalma anu ngadegkeun perusahaan (Fredrik Idestam), manéhna mikareueus ka lemburna sorangan. Hayang mintonkeun ka balaréa lamun ngaran lemburna dina hiji waktu bakal kakoncara di dunya, sanajan lolobana jalma teu apal yén Nokia mangrupa ngaran lembur.

Taun 2001, Hollywood ngaluarkeun film anyar, Kate and Leopold. Hiji film fantasi, dipangaruhan ku kamajuan téknologi. Carita dina éta film kacida basajan, salah saurang jalma, Stuart, bisa nganjang ka taun 1879  ku cara ngaliwatan portal waktu. Saterusna bisa mawa hiji pangéran ti golongan aristokrat, Duke of Leopold ka taun 2000-an. Dua alam anu béda ngahiji, ceuk sosiologi mah ngabalukarkeun 'cultural shock'.  Budaya aristokrat anu ngagugulung étika, éstétika, moralitas, adab-adaban jeung budaya modérn dipintonkeun ku Kate ngébréhkeun kamerdékaan, feminisme, jeung kamajuan. Séwang-séwangan budaya tangtu baé miboga hal anu alus jeung kakurangan. Jalma tradisional anu ngagugulung tetekon miboga sikep perféksionis, sagala rupa kudu sampurna jeung ngahasilkeun hal anu kuat. Jalma anu hirup dina budaya modérn mah ditungtut kudu sarwa gancang. Ceuk paribasa mah, siapa cepat dia dapat.

Ngan antara budaya tradisional jeung modérn tetep miboga hal anu sarua, teu bisa robah ku kamajuan atawa ku nyungsebna jaman. Rasa anu aya dina diri jalma, salah sahijina cinta, kanyaah, jeung kadeudeuh. Bener pisan, jigana pangna pangeusi ieu alam dunya beuki loba ogé kusabab dina diri Nabi Adam aya rasa cinta atawa deudeuh ka Hawa. Kabil (Kain) maténi Habil ogé salah sahijina dipangaruhan ku rasa cinta Kabil ka dulurna, Iqlima. Dina diri Kabil ogé kaluar hanjakal, naha kudu maténi adi sorangan? Rasa cinta anu teu diwengku ku akal séhat geus ngadorong manéhna ngalakukeun hiji kajahatan anu kungsi  diprédiksi ku malaikat. Jalma -dina waktuna- bakal silih kocorkeun geutih. 

Kuring mikaresep kana film-film fantasi, bisa disebut film anu ngawang-ngawang. Ti sagigireun ngawang-ngawang, film fantasi ogé boga hal anu alus, keur muka diri jalma sangkan meruhkeun pikiran  yén anu disebut kahirupan mangrupa hiji kurva turun jeung naék. Bisa jadi, kamajuan jaman anu ayeuna keur ngawasa ieu kahirupan masih can satai-kukueun jeung kamajuan jaman mangsa iraha boa, bisa mangsa ka tukang atawa ka hareup. Bisa jadi ogé, dina mangsa ka hareup jalma bakal panggih jeung titik balik peradaban (Turning Point of Civilizaion), kurva bakal balik deui kana léngkob pang handapna. Hartina, jalma kudu siap nyanghareupan kahirupan di mana jeung kumaha baé ayana. 

KANG WARSA
GURU MTS RIYADLUL JANNAH | ANGGOTA PGRI KOTA SUKABUMI

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Syarat Izin Operasional Padepokan

PEMERINTAH KOTA SUKABUMI DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN Jl. Pelabuan II Km.5 Telp (0266) 221766 Sukabumi

PERSYARATAN IZIN OPERASIONAL SANGGAR/LINGKUNG SENI/ PADEPOKAN SENI
A.PERSYARATAN
1.Membuat Surat Permohonan Izin Operasional SK/Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan 2.Melengkapi Administrasi a.Photo Copy KTP pemilik/pimpinan organisasi. b.Pas Photo 3x4 (2 lembar). c.Membuat Surat Permohonan Izin Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan. 3.Kelengkapan Database a.Sanggar : -Harus ada murisd yang terdata. -Profil/ Daftar Struktur Organisasi sanggar. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan Buku Induk Peserta kursus sanggar. b.Lingkung Seni : -Profil/ Daftar Struktur Organisasi Lingkung Seni. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan  bukti kegiatan Lingkung Seni. c.Padepokan :

Review Buku: Islam Pascakolonial

Resume Buku: Kyai dan Perubahan Sosial

Buku karya Hiroko Horikoshi berjudul Kyai dan Perubahan Sosial membahas tentang kyai dan ulama di Perdesaan Jawa Barat, Indonesia. Kyai dan ulama adalah gelar ahli agama Islam. Lokus penelitian dilakukan oleh Horikoshi di Kampung Cipari, Garut. Hal penting yang diinginkan dalam penelitiannya tersebut adalah menjawab sebuah persoalan penting yang sering diperdebatkan selama beberapa tahun tentang peran kyai dalam perubahan sosial. Geertz pernah menyoal antara kyai, santri, dan abangan, namun dalam karya Geertz tersebut masih ada kontradiksi pernyataan, tidak tegas, sering muncul pertentangan satu sama lain. Satu sisi Geertz menyebutkan kyai sebagai pemantik ‘kebebasan berusaha’, namun pada sisi lain ia menyebutkan kyai sebagai pemantik bagi masyarakat dalam pengejaran kehidupan di akhirat nanti, hanya bergumul pada persoalan pahala dan dosa saja.[1]




[1] Zamakhsarie Dhofier. 1982. Tradisi Pesantren: Studi tentang Pandangan Hidup Kyai. Jakarta: LP3ES. Hal 5.

Kang Warsa - 2014