Langsung ke konten utama

Kaffah

Sabenerna  lain hal anu anéh, loba kamandang anu nyebutkeun kajadian anu geus lumangsung: bom rajapati di Surabaya mangrupa tarékah pamaréntah keur méngparkeun isu. 

Kaluarna kamandang samodél kitu boga dua harti: kahiji, sikep émpati mémang geus leungit dina diri jalma anu boga pamikiran kitu. 

Kadua, bakating loba teuing kajadian jeung kasus gedé anu diapilainkeun, kusabab dihaja atawa mémang patumpang tindih.

Bralna dua pamadegan mangrupa ciri yén pangaruh politisasi kana hiji kajadian kacida gedé. Teu saeutik, kajadian bom di Surabaya dijieun propaganda ku sababaraha urang politisi. 

Antukna masyarakat di urang ogé tuturut munding, pipilueun. Sabab, euweuh hubungan antara térorisme jeung partéy politik, nya kitu deui euweuh hubungan antara terorisme jeung agama.

Kajadian-kajadian téror sabenerna miboga pola. Téroris geus biasa ngalakukeun 'makar', ngarogahala jalma teu tuah teu dosa dina waktu-waktu anu geus tangtu: saméméh puasa, bulan puasa, atawa nalika poé kariaan agama séjén saperti Natal, Nyepi, jrrd. 

Tangtua baé euweuh anu diuntungkeun ku kajadian rajapati anu dilakukeun ku teroris.

Aya anu boga pikiran kieu: ku ayana kajadian bom 'bunuh diri' tangtu baé loba pihak anu diuntungkeun; anggaran  ka pihak pulisi turun keur méréskeun kasus térorisme, kasus-kasus séjén kapopohokeun, bandar jeung dalangna mah tetep baé untung ku kajadian ieu. 

Ari ku pikiran saliwat mah kawas bener, aya pihak anu diuntungkeun, tapi da henteu saperti kitu hukum anu sabenerna keur lumangsung di dunya mah.

Ceuk saha aya pihak anu diuntungkeun dina kajadian bom 'bunuh diri' jeung kajadian séjénna? Euweuh, lamun bener anggaran nu dipaké keur méréskeun kajadian anu dilakukeun ku téroris turun ka pulisi keun baé da mémang kitu sakuduna. 

Duit jeung anggaranna bisa baé disalingkuhan, nguntungkeun anu di laluhur. Lain untung tapi buntung, geus aya sistem di ieu alam anu ngatur, jalma jahat tangtu bakal panggih jeung katalangsara isuk atawa pagéto.

Umat Islam anu pangheulana ngarasa kumaha dirugikeun ku kajadian bom 'bunuh diri' anu dilakonan ku téroris. Santri lembur anu didadamping henteu nyaho nanaon kudu dipariksa ku aparat kusabab mawa kardus. 

Ceuk élmu psikologi mah anu kieu disebutna anxiety, kasieun anu pohara. Jalma anu manjangkeun janggot ogé diati-ati da sikep stréréotif masarakat nuduhkeun saolah téroris téh janggotna paranjang.

Mémang kudu diaku ku umat Islam ogé, teu saeutik umat anu boga pamikiran radikal, fundamémtalis, anu boga 'irisan'  pamikiran jeung madzhab téroris. 

Loba jalma anu boga pamikiran saperti kieu: khilafah kudu ngadeg, malah ditambahan sagala khilafah 'ala minhaj nubuwwah supaya leuwih dipercaya lamun éta téh kungsi dilakonan ku Rosulullah. 

Padahal, lamun nitétan kana dalil anu qoth'i, geus jelas anu disebut jalma mah arék Islam, Kristen, Hindu, Budha, atawa naon baé mangrupa khalifah di ieu dunya/bumi. Pihartieunna, sakabéh jalma boga pancén anu sarua: nyingkahan balahi anu gedé ulah nepi ka silih kocorkeun getih. Kudu  nyiptakeun sikep silih asah asih jeung asuh dina kahirupan.

Dakwah ogé antukna kudu ditalingakeun, da bisi aya kyai anu ngaluarkeun kamandang ngarojong kana pamikiran jeung sikep radikal. Bener, sabab henteu saeutik –teuing ustadz atawa kyai- kumawani ngaluarkeun kamandang anu sifatna ngarojong kana térorisme. 

Sakuduna  anu ditepikeun ka umat mah hal anu disebut kaélmuan. Khazanah kaélmuan dina Islam téh kacida linuhung lain saukur madungdengkeun pasualan kudu ngadegkeun nagara, révolusi, jrrd. Henteu sakabéh hal kudu dikawasa jeung dipimilik ku urang da boga hancengan séwang-séwangan. 

Kungsi aya nu ngomong ka kuring: atuh ari kitu mah berislam téh can kaffah, Kang. Kecap kaffah ku jalma-jalma anu geus kagégéloan ku ageman hirup mah dibéré harti kudu kalakonan kabéh, kudu kapimilik kabéh, éta mah lain kaffah, tapi sarakah. 

Kaffah (كافة) téh hartina sagemblengna, bakal kacumponan ku lalampahan hirup jalma. Lain kusabab urang asup kana hiji kelompok anu 'kasengrem' hayang nanjeurkeun daulah Islam tuluy dadak sakala Islam-na jadi kaffah. 

Kecap 'kaffah' mangrupa dérivasi tina kecap 'kafaa'(كفى ) hartina cukup, yakiifu (يكيف) hartina adaptasi, nyaluyukeun diri. Lamun dijéntrékeun mah, milampah hal-hal anu diatur dina agama kudu sacukupna, samampuhna urang, hartina ajaran Islam mémang henteu ngabeuratkeun ka umatna. 

Urang mal manggihan dalil arék dina al-Quran atawa Hadits anu maréntah jalma sangkan sarakah dina ibadah komo sarakah dina pasualan kayakinan.

Kang Warsa
Guru MTs Riyadlul Jannah
Anggota PGRI Kota Sukabumi

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Syarat Izin Operasional Padepokan

PEMERINTAH KOTA SUKABUMI DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN Jl. Pelabuan II Km.5 Telp (0266) 221766 Sukabumi

PERSYARATAN IZIN OPERASIONAL SANGGAR/LINGKUNG SENI/ PADEPOKAN SENI
A.PERSYARATAN
1.Membuat Surat Permohonan Izin Operasional SK/Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan 2.Melengkapi Administrasi a.Photo Copy KTP pemilik/pimpinan organisasi. b.Pas Photo 3x4 (2 lembar). c.Membuat Surat Permohonan Izin Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan. 3.Kelengkapan Database a.Sanggar : -Harus ada murisd yang terdata. -Profil/ Daftar Struktur Organisasi sanggar. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan Buku Induk Peserta kursus sanggar. b.Lingkung Seni : -Profil/ Daftar Struktur Organisasi Lingkung Seni. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan  bukti kegiatan Lingkung Seni. c.Padepokan :

Resume Buku: Kyai dan Perubahan Sosial

Buku karya Hiroko Horikoshi berjudul Kyai dan Perubahan Sosial membahas tentang kyai dan ulama di Perdesaan Jawa Barat, Indonesia. Kyai dan ulama adalah gelar ahli agama Islam. Lokus penelitian dilakukan oleh Horikoshi di Kampung Cipari, Garut. Hal penting yang diinginkan dalam penelitiannya tersebut adalah menjawab sebuah persoalan penting yang sering diperdebatkan selama beberapa tahun tentang peran kyai dalam perubahan sosial. Geertz pernah menyoal antara kyai, santri, dan abangan, namun dalam karya Geertz tersebut masih ada kontradiksi pernyataan, tidak tegas, sering muncul pertentangan satu sama lain. Satu sisi Geertz menyebutkan kyai sebagai pemantik ‘kebebasan berusaha’, namun pada sisi lain ia menyebutkan kyai sebagai pemantik bagi masyarakat dalam pengejaran kehidupan di akhirat nanti, hanya bergumul pada persoalan pahala dan dosa saja.[1]




[1] Zamakhsarie Dhofier. 1982. Tradisi Pesantren: Studi tentang Pandangan Hidup Kyai. Jakarta: LP3ES. Hal 5.

Review Buku: Islam Pascakolonial

Kang Warsa - 2014