Langsung ke konten utama

Calana Pondok SMP

Urang tangtu masih inget nalika di SMP ti kelas hiji nepi ka kelas tilu masih dicalana pondok warna paul. Suku hurik, buluan, jeung langka kapulas ku 'lotion' ogé henteu matak jadi éra. Malah loba pisan barudak anu dina sukuna rapang ku urut budug ogé henteu jadi matak éra maranéhna make calana pondok nalika sakola. Sok pada nyeungseurikeun lamun aya budak anu katénjo tuturna semu méncos, ku papada baturna disebutan baé Si Léklok.

Anu mang hérankeun sok sanajan dina katerangan agama dijéntrékeun yén wates orat lalaki téh antara bujal jeung tuur, tapi para kyai jeung muallim di lembur henteu ngamasalahkeun ieu hal. Sabab aya alesan, lalaki disebut balég lamun geus manjing lima welas taun. Barudak SMP masih disebut pejuh. Ngan kaasup rata-rata barudak awéwé ogé apanan harita mah masih maraké androk sahandapeun tuur, naha henteu disebut némbongkeun orat ku masyarakat harita? Kacida jarang barudak awéwé anu dijilbab harita mah ari lain barudak sakola MTs mah.

Palebah dieu tangtu aya anu disebut transformasi pamikiran. Masyarakat dina mangsa harita leuwih meredih barudak sangkan nanjeurkeun adab-adaban, étika, jeung sopan-santun dina kalakuan, ucapan, jeung paripolah. Kyai jeung guru agama di sakola tara ngamasalahkeun barudak awéwé anu maraké androk geus kumawani ngarempak aturan agama: némbongkeun orat. Tapi lain hartina Kyai jeung guru agama teu ngajelaskeun naon anu disebut orat, kyai jeung guru agama leuwih miharep barudak némbongkeun hela sikep anu hadé ku ngébréhkeun kumaha tata-krama ka saluhureun, sasama, jeung sahandapeun.

Pasualan orat jeung wates-watesna aya dina wewengkon fiqih. Dina masalah fiqih jalma bisa boga kamandang anu béda. Sok sanajan 'Jumhur Ulama' geus maténkeun orat jeung jilbab, tapi kusabab ieu kaasup kana pasualan fiqih kacida béda jeung pasualan kaimanan ('itiqod). Malahan dina prak-prakkan sholat ogé nepi ka danget ieu antara hiji madzhab jeung madzhab séjénna masih némbogkeun sababaraha hal anu henteu sarua. Aya anu maca 'usholli' aya ogé anu henteu maca. Pasualan fiqih mangrupa tranformasi pamikiran. Kacida béda jeung syahadat, kyai jeung para ulama henteu muka celah atawa lolongkrang sangkan dina ieu syahadat aya anu béda, anu matak syahadat mah henteu diasupkeun kana pasualan fiqih.

Kalawan kajiwaan atawa psikologi, barudak SMP anu masih maraké calana pondok dina dirina miboga rumasa yén maranéhna masih kénéh budak anu masih namprakkeun dampal leungeun kanu jadi kolot. Antukna boga rumasa kudu nahan hela mangsa begér. Leumpang paduduaan jeung budak awéwé ogé dina mangsa harita mah loba barudak lalaki anu masih ngeleper jeung ngadégdég atuh. Cindekna mah éra leutik kénéh geus bobogohan. Wakil kapala sakola urusan kasiswaan ogé tangtu bakal nyalukan barudak anu geus kumawani bobogohan di sakola. Dipapatahan, masih laleutik kénéh, engké baé bobogohan mah lamun geus bisa ngala duit sorangan.

Mangsa kiwari barudak SMP geus maraké calana panjang, sarua jeung barudak SMA. Tangtu baé dina diri barudak ogé miboga pamikiran yén maranéhna téh geus jadi jalma déwasa. Barudak awéwé ogé ampir 95% maraké jilbab, hiji sisi bener-bener hayang ngalaksanakeun aturan agama (fiqih), ti sagigireunna deui psikologi barudak ogé nuturkeun kana pakéan anu digunakeun, nganggap dirina geus daréwasa. Mémang henteu kabéh kitu. Rumasa diri geus déwasa ieu anu jadi matak barudak ayeuna geus begér saméméh usum. 

Pasualan kadua, kusabab barudak geus rumasa déwasa nyaéta: maranéhna geus henteu daék babantu deui kanu jadi kolot, arék kukumbahan, nyeuseuh, jeung beberesih. Apan geus déwasa, jalma déwasa mah cukup cicing sabari lalajo sinétron. Kacida salah komo lamun ku anu jadi kolot diantep. Nyaéta, apanan mangsa kiwari mah kolot nyintreuk kanu jadi budak ogé sieun kasebut geus ngalanggar HAM (Hak Azasi Manusia).

KANG WARSA

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Syarat Izin Operasional Padepokan

PEMERINTAH KOTA SUKABUMI DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN Jl. Pelabuan II Km.5 Telp (0266) 221766 Sukabumi

PERSYARATAN IZIN OPERASIONAL SANGGAR/LINGKUNG SENI/ PADEPOKAN SENI
A.PERSYARATAN
1.Membuat Surat Permohonan Izin Operasional SK/Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan 2.Melengkapi Administrasi a.Photo Copy KTP pemilik/pimpinan organisasi. b.Pas Photo 3x4 (2 lembar). c.Membuat Surat Permohonan Izin Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan. 3.Kelengkapan Database a.Sanggar : -Harus ada murisd yang terdata. -Profil/ Daftar Struktur Organisasi sanggar. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan Buku Induk Peserta kursus sanggar. b.Lingkung Seni : -Profil/ Daftar Struktur Organisasi Lingkung Seni. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan  bukti kegiatan Lingkung Seni. c.Padepokan :

Review Buku: Islam Pascakolonial

Resume Buku: Kyai dan Perubahan Sosial

Buku karya Hiroko Horikoshi berjudul Kyai dan Perubahan Sosial membahas tentang kyai dan ulama di Perdesaan Jawa Barat, Indonesia. Kyai dan ulama adalah gelar ahli agama Islam. Lokus penelitian dilakukan oleh Horikoshi di Kampung Cipari, Garut. Hal penting yang diinginkan dalam penelitiannya tersebut adalah menjawab sebuah persoalan penting yang sering diperdebatkan selama beberapa tahun tentang peran kyai dalam perubahan sosial. Geertz pernah menyoal antara kyai, santri, dan abangan, namun dalam karya Geertz tersebut masih ada kontradiksi pernyataan, tidak tegas, sering muncul pertentangan satu sama lain. Satu sisi Geertz menyebutkan kyai sebagai pemantik ‘kebebasan berusaha’, namun pada sisi lain ia menyebutkan kyai sebagai pemantik bagi masyarakat dalam pengejaran kehidupan di akhirat nanti, hanya bergumul pada persoalan pahala dan dosa saja.[1]




[1] Zamakhsarie Dhofier. 1982. Tradisi Pesantren: Studi tentang Pandangan Hidup Kyai. Jakarta: LP3ES. Hal 5.

Kang Warsa - 2014