Langsung ke konten utama

Elmu Parabot

Sabangor-bangorna atawa sabadung-badungna barudak taun 80-an, malahan budak anu kasebut pangbadungna salembur ogé geus tangtu apal kana anu disebut 'irob mah. Komo barudak anu kungsi atawa ngalaman nyuprih pangarti di Sakola Agama, da nincak kelas opat ku anu jadi guru agama geus diatik élmu parabot atawa alat, salah sahijina élmu nahwu.

Barudak Balandongan generasi 80-90an kungsi ngalaman kumaha resep jeung sumangetna dina diajar élmu parabot. Ku anu jadi kyai sorangan, ngaji élmu nahwu ti mimiti Jurumiyyah, 'Imriti, nepi ka Alfiyyah diguar kalawan daria. Sakapeung mah élmu nahwu jeung pangajaranna sok dipaké bahan heureuy jeung gogonjakan. Umpamana, aya anu disebut huruf 'aillat atawa panyakit, jinisna aya tilu: waw, alif, jeung iya, kusabab di Balandongan aya jalma boga ngaran Kang Ae, nya éta huruf 'aillat sok dibaca disakaliguskeun: Wa Aey (dibaca lin).

Neuleuman deui élmu parabot saperti nahwu kacida penting keur ukuran kiwari kusabab sababaraha hal: Kahiji, di sakola agama atawa madrasah élmu nahwu jeung shorof –jigana- geus jarang diajarkeun ku anu jadi guru ka para pamilon atikan, sumawona di sakola umum. Kadua, lain di sakola agama wungkul, di pangajian barudak ogé ieu élmu geus jarang diguar, da kalolobaanna pangajian mangsa kiwari leuwih ngudag pamilon atikan bisa ngapalkeun Qur-an teu diperedih cara nganyahokeun naon sababna kecap Al-hamdu dina Fatihah ayat ka dua ditungtungan ku syakal dhommah lain ku fathah jadi Al-hamda?

Katilu, pentingna diajar deui élmu parabot saperti nahwu nyaéta sangkan diri urang dina nafsirkeun Quran jeung Hadits henteu sakarep sorangan, tapi bisa ngahasilkeun hiji tafsir anu sifatna filosofis tinimbang ngagugulung tekstualna harti kecap. Kucara kitu, hal-hal anu diguar dina kitab suci bakal leuwih bisa ditarima ku masyarakat di tiap golongan.

Muallim Zaka jeung Kang Jenal dua kyai di Balandongan anu kawilang getén dina ngatik nahwu ka barudak. Barudak nepi ka apal kana isim lima (asmaul khamsah) anu aya dina jurumiyyah jeung imriti. Apal kana isim genep (asmaul sittah) anu aya dina alfiyyah. Salah sahiji kalimah dina isim genep nyaéta hanun sok dipaké heureuy ku barudak. Ka awéwé sok ngahaka ngomong: hanuuki, hartina 'anu' manéh. Kecap 'anu' tangtu baé nuduhkeun kana bobogaan arék lalaki atawa awéwé.

Réngsé sholat subuh barudak réang di masigit maraca nadzam imriti jeung alfiyyah. Patarik-tarik, da biasana lamun macana rada tarik jeung sumanget sok gancang apalna. Aya adabna ngaji kitab-kitab klasik saperti jurumiyyah jeung imriti, anu jadi guru sok ngamimitian heula ku hadiah kanu ngarang  kitab, maca hela al-fatihah sabalikan mah. Sangkan élmu anu aya dina kitab gampang nyerep cenah. Sagala rupa ogé kudu nyurup jeung paribasa: mipit kudu amit, ngala kudu ménta atawa bébéja. Adab jeung étika anu geus jarang dilakonan ku jalma modern kawas kiwari.

Sapéker masigit ogé ngahaja dihurungkeun, miboga tujuan lain keur ngagandéngan masyarakat, tapi keur ngahaneutkeun lembur ku réangna barudak anu maraca nadzom:

"Kalaamuna lafdzun mufiidun kastaqim # wasmun wa fi'lun tsumma harfunil kalim" Barudak sarumanget maca hartina: "ngaran kalam lafadz mufid  boga ma'na# isim fi'il tuluy huruf disebutna". Kucara kitu, masyarakat ogé bisa apal jeung ilubiung maca nadzom di imahna séwang-séwangan. 

Guru ngaji ngajéntrékeun, anu disebut kalam nyaéta lafadz, mufid anu boga tujuan. Mémang henteu diguar kalawan filosofis sok sanajan kitab al-fiyyah karangan Ibnu Malik jeung Ibnu Muth'i beunghar ku métafora anu kudu diguar kalawan daria. Dina baét (bait) atawa "pada" kahiji, anu ngarang kitab seja ngajelaskeun yén ucapan atawa kalam anu kaluar dina diri jalma kudu boga maksud sangkan kaharti ku batur. kalam anu diwangun ku kalimah (kecap) kudu éféktif sangkan kaharti lain saukur ngabalukarkeun dialéktika anu ngabubtut bangkong, kudu jelas wangunan kecap, lamun dina ngabambar mah, naon anu digambar ku urang téh kudu ngahasilkeun gambar anu kaharti, ngabentuk jadi gambar anu bisa disebut gambar.

Saluyu jeung hadits Kanjeng Nabi: Falyaqul khairan aw liyashmut, kudu ngomong anu alus lamun henteu bisa kitu leuwih alus cicing. Dina tradisi Sunda keuna ku paribasa: hadé ku omong, goréng ku omong, pihartieunna kahadéan jeung kagoréngan anu bakal katampa ku diri urang sabenerna kumaha ucapan anu dikaluarkeun ku urang-urang kénéh.

Isim, fi'il, jeung huruf dina élmu nahwu nétélakeun hal anu aya di ieu alam dunya teu leupas tina tilu hal, kekecapan jeung paguneman urang sapopoé teu leupas tina hubungan urang jeung barang anu aya di sabudeureun urang, pagawéan, jeung hal séjén anu teu bisa disebut barang atawa pagawéan. Sakuduna mah urang anu bisa ngandali kana barang jeung pagawéan, lain sabalikna urang anu dikandali ku barang jeung pagawéan anu moal aya tungtungna. 

Hirup bakal miboga harti nalika jalma bisa hirup ngandali barang jeung pagawéan anu aya. Bakal riweuh hirup nalika diri urang dikandali ku ponsél (barang), karék ponsél lowbatt ogé langsung rungsing, paciweuh sabari ngagerentes dina hate: kudu di-charge di mana???  

KANG WARSA

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Syarat Izin Operasional Padepokan

PEMERINTAH KOTA SUKABUMI DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN Jl. Pelabuan II Km.5 Telp (0266) 221766 Sukabumi

PERSYARATAN IZIN OPERASIONAL SANGGAR/LINGKUNG SENI/ PADEPOKAN SENI
A.PERSYARATAN
1.Membuat Surat Permohonan Izin Operasional SK/Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan 2.Melengkapi Administrasi a.Photo Copy KTP pemilik/pimpinan organisasi. b.Pas Photo 3x4 (2 lembar). c.Membuat Surat Permohonan Izin Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan. 3.Kelengkapan Database a.Sanggar : -Harus ada murisd yang terdata. -Profil/ Daftar Struktur Organisasi sanggar. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan Buku Induk Peserta kursus sanggar. b.Lingkung Seni : -Profil/ Daftar Struktur Organisasi Lingkung Seni. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan  bukti kegiatan Lingkung Seni. c.Padepokan :

Review Buku: Islam Pascakolonial

Resume Buku: Kyai dan Perubahan Sosial

Buku karya Hiroko Horikoshi berjudul Kyai dan Perubahan Sosial membahas tentang kyai dan ulama di Perdesaan Jawa Barat, Indonesia. Kyai dan ulama adalah gelar ahli agama Islam. Lokus penelitian dilakukan oleh Horikoshi di Kampung Cipari, Garut. Hal penting yang diinginkan dalam penelitiannya tersebut adalah menjawab sebuah persoalan penting yang sering diperdebatkan selama beberapa tahun tentang peran kyai dalam perubahan sosial. Geertz pernah menyoal antara kyai, santri, dan abangan, namun dalam karya Geertz tersebut masih ada kontradiksi pernyataan, tidak tegas, sering muncul pertentangan satu sama lain. Satu sisi Geertz menyebutkan kyai sebagai pemantik ‘kebebasan berusaha’, namun pada sisi lain ia menyebutkan kyai sebagai pemantik bagi masyarakat dalam pengejaran kehidupan di akhirat nanti, hanya bergumul pada persoalan pahala dan dosa saja.[1]




[1] Zamakhsarie Dhofier. 1982. Tradisi Pesantren: Studi tentang Pandangan Hidup Kyai. Jakarta: LP3ES. Hal 5.

Kang Warsa - 2014