Langsung ke konten utama

Pilkada Ngemplad

Teuing naon kecap anu saharti jeung kecap ngemplad lamun dikana Basa Indonesiakeun, ngan jigana saharti jeung kecap 'rada panjang'. Pilkada taun ieu mémang karasa leuwih panjang tibatan sababaraha Pilkada saméméhna kulantaran aturan ngeunaan kompanye ogé rada lila, kurang leuwih kana lima bulanna. Niténan kana PKPU Nomor  1 Taun 2017, sabenerna Program, Jadwal, jeung Tahapan Pilkada antara ayeuna jeung saméméhna mémang henteu jauh béda, anu ngabédakeunna nyaéta antara sosialisasi jeung kompanye pasangan calon wungkul. Lilana tahapan kompanye ieu anu karasa ngemplad boh ku pasangan calon atawa masyarakat.

Aya sababaraha balukar tina kawijakan lilana waktu kompanye di antarana; kahiji, dina PKPU Nomor 4 Taun 2017 dijéntrékeun pisan, KPU Daérah salaku impléméntator aturan ngajadwalkeun kompanye ngan anu sifatna 'rapat umum' jeung 'debat kandidat', kagiatan kompanye anu sifatna 'rapat tertutup;,  'tatap muka', dialog atawa ngawangkong jeung masyarakat dipasrahkeun sagemblengna ka pasangan calon. Pasangan calon jeung tim suksés anu nangtukeun arék kompanye di mana jeung kumaha prakna. Ngan tangtu baé, dibéré kalaluasaan kitu lain harti bébas sakadaék jeung sakarepna, kagiatan anu arék dilakonan kudu dilaporkeun hela ka Polresta , Panwaslu, jeung KPU.

Kadua, pasangan calon ogé diwatesan dina nyebarkeun bahan kompanye jeung alat peraga kompanye (APK) anu biasa dibasakeun alat kontak. Baligho, spanduk, jeung umbul-umbul diwatesan jumlah, ukuran, jeung désainna. Tim suksés pasangan calon teu bisa sakahayang pusung-pasang baligho di mana baé. Henteu héran dina Pilkada taun ieu, ti saprak asup kana tahapan kompanye di sisi-sisi jalan henteu mahabu ku baligho jeung alat peraga kompanye séjénna, kacida béda jeung waktu saméméh asup tahapan kompanye. Nalika aya sababaraha baligho jeung APK anu henteu saluyu jeung anu  ditangtukeun geus pasti lain dipasang ku tim suksés, biasana APK samodél kitu dipasang ku masyarakat anu mikareueus ka pasangan calon anu dirojongna. Dina hal ieu, Panwaslu ngan saukur bisa nyatet jeung ngonfirmasi ka tim suksés, yén APK-APK anu béda jeung aturan kudu gancang ditartibkeun (dibuka/dilaan). Panwaslu teu boga hak keur nurunkeun APK sabab dina aturan lain tugasna.

Katilu, awuhan Pilkada taun ieu henteu pati karasa ku masyarakat, ka kuring masih loba masyarakat anu ngomong: Kang, asa tiiseun Pilkada taun ieu mah, nya? Kucara heureuy pananya-pananya samodél kitu ngan bisa dijawab: Ulin atuh ka kota/dayeuh, ramé geura di dayeuh mah loba wahon. Naon anu dialaman ku masyarakat ngeunaan Pilkada taun ieu mémang kitu ayana. Masyarakat di urang biasa ngabandungan ti kajauhan kana tiap pasualan kaasup Pilkada, da ceuk pikir maranéhna anu ngaran Pilkada mah kudu ramé ku pawéy, mahabu ku baligho anu dipasang, jeung adagium anu salila ieu ditarima ku masyarakat yén Pilkada mangrupa pésta rakyat. Nalika ditanyakeun iraha waktuna nyoblos ka masyarakat mah loba kénéh anu can arapaleun, nu penting dina waktuna datang ka TPS tuluy nyolok. Sok sanajan tarékah nyosialisasikeun waktu nyoblos atawa nyolok geus dilakonan ku KPU, PPK, jeung PPS tangtu baé iber prakna nyoblos mah moal walatra katarima ku masyarakat. Di dieu pisan para stake-holders jeung tim suksés boga pancén nyumebarkeun deui iber iraha waktuna nyoblos ka masyarakat.

Sok sanajan kitu, masyarakat sorangan geus boga cekelan pasangan calon mana anu bakal dipilih dina prakna nyoblos. Masyarakat sorangan kabagi kana sababaraha bahagian dina nangtukeun pilihanna, aya anu bener-bener idéal, hartina masyarakat geus jauh mikiran calon mana anu arék dipilih dumasar kana cara maranéhna nganiléy ka calon, ieu mah pasualanna jeung pilihan nalar, sanajan ku calon séjén dibibita ku duit moal pindah pilihan. Nepi ka aya babasaan; candak artosna, milih mah kumaha engké baé. Aya ogé masyarakat anu miboga sikep pilihan masih bisa robah kusabab sababaraha hal; dideukeutan ku calon atawa tim suksés kalawan inténsif lain saukur inséntif anu dibagikeun. Ciri masyarakat di urang salah sahijina bakal resep ka calon anu nanya jeung resep ditanya, moal mikaresep ka calon anu 'juték' komo tipe calon anu ngaménak kamamana ngan saukur nénjokeun tagog diri mangrupa kabeungharan.

Ti sagigireun hal anu disebutkeun tadi, aya ogé masyarakat anu miboga tipe milih jeung nyoblos mah dumasar  pilihan haté di TPS. Ceuk babasaan jalma anu diajar tasawuf mah: da anu ngusik-malikkeun jalma mah Alloh, engké ogé dina waktuna nyoblos masyarakat bakal ngagunakeun haté, calon mana anu kudu dipilih kucara dicoblos. Pasualan ieu anu moal bisa kabaca jeung kaanalisa ku tim suksés mana baé ogé. Ieu pisan anu jadi dasar, meunang jeung henteuna pasangan calon bener-bener ditangtukeun ku titis-tulis ti Gusti. Masyarakat dina milih calon pamingpinna bener-bener ngagunakeun rasa.

Aya deui hal séjén, ti mimiti Pilkada, Pileg, Pilprés, nepi ka Pilkadés henteu jauh tina pasualan mistis jeung magis. Tim suksés geus aya anu tatanya ka ditu ka dieu, nya sebutkeun baé daratang ka 'dukun politik', lain tatanya wungkul tapi ménta dibantu ku cara lemes sangkan calon anu dirojongna pinunjul dina Pilkada. Dukun lepus anu jauh didatangan tuluy diperedih sangkan kunyam-kunyem mapatkeun jampé pamaké keur ngameunangkeun calon. Pasualan mistis jeung magis ieu sabenerna lain pasualan bener jeung henteuna atawa sakti jeung jagona dukun politik. 

Pasualan mistis jeung magis Pilkada saharti jeung naon anu diguar saméméhna yén masyarakat nangtukeun pilihanna ku rasa anu aya dina haté. Ngaranna ogé dukun politik, dina piéléheun calon masih bisa ngomong: Ah, bisa dirobah ngan ieu saratna; peuncit embé hideung, siapkeun sasajén, jrrd. Kudu apal, ipekah keur mayar dukun politik bisa mangratus-ratus juta. Lain hartina ulah kikituan, tapi urang salaku jalma kudu bisa ngahubungkeun atawa ngonéksikeun rasa anu dipiboga ku calon jeung rasa anu dipiboga ku masyarakat. Éta mangrupa pancén beurat anu kaalaman ku pasangan calon jeung tim suksésna, komo Pilkada taun ieu mah karasa pisan ngempladna, rada lila. Koncina, sanghareupan ku sikep bungah, kalem, salsé, henteu kudu totolosoan diceta-ceta.

KANG WARSA

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Syarat Izin Operasional Padepokan

PEMERINTAH KOTA SUKABUMI DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN Jl. Pelabuan II Km.5 Telp (0266) 221766 Sukabumi

PERSYARATAN IZIN OPERASIONAL SANGGAR/LINGKUNG SENI/ PADEPOKAN SENI
A.PERSYARATAN
1.Membuat Surat Permohonan Izin Operasional SK/Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan 2.Melengkapi Administrasi a.Photo Copy KTP pemilik/pimpinan organisasi. b.Pas Photo 3x4 (2 lembar). c.Membuat Surat Permohonan Izin Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan. 3.Kelengkapan Database a.Sanggar : -Harus ada murisd yang terdata. -Profil/ Daftar Struktur Organisasi sanggar. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan Buku Induk Peserta kursus sanggar. b.Lingkung Seni : -Profil/ Daftar Struktur Organisasi Lingkung Seni. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan  bukti kegiatan Lingkung Seni. c.Padepokan :

Review Buku: Islam Pascakolonial

Resume Buku: Kyai dan Perubahan Sosial

Buku karya Hiroko Horikoshi berjudul Kyai dan Perubahan Sosial membahas tentang kyai dan ulama di Perdesaan Jawa Barat, Indonesia. Kyai dan ulama adalah gelar ahli agama Islam. Lokus penelitian dilakukan oleh Horikoshi di Kampung Cipari, Garut. Hal penting yang diinginkan dalam penelitiannya tersebut adalah menjawab sebuah persoalan penting yang sering diperdebatkan selama beberapa tahun tentang peran kyai dalam perubahan sosial. Geertz pernah menyoal antara kyai, santri, dan abangan, namun dalam karya Geertz tersebut masih ada kontradiksi pernyataan, tidak tegas, sering muncul pertentangan satu sama lain. Satu sisi Geertz menyebutkan kyai sebagai pemantik ‘kebebasan berusaha’, namun pada sisi lain ia menyebutkan kyai sebagai pemantik bagi masyarakat dalam pengejaran kehidupan di akhirat nanti, hanya bergumul pada persoalan pahala dan dosa saja.[1]




[1] Zamakhsarie Dhofier. 1982. Tradisi Pesantren: Studi tentang Pandangan Hidup Kyai. Jakarta: LP3ES. Hal 5.

Kang Warsa - 2014