Langsung ke konten utama

Jahannam

JAHANNAM, GEHENNA, JEUNG PURGATORIUM
Ku: Kang Warsa

Sababaraha bulan ka tukang kungsi hemeng, lain duméh baluweng mikiran Pilkada tapi ieu rasa ujug-ujug nyeblak nalika di hiji masigit aya anu pupujian. Kabeneran anu biasana wanci panon poé tunggang gunung sok hujan, harita mah ngadadak hibar ku layung. Semu konéng emas, ngagurat beulah kulon, dina dada ngereteg kecap: éndah nakeran ieu alam, Gusti anu Maha Suci… Pupujian anu eusina dipinuhan ku pépéling, ngélingan jalma sangkan ngalobakeun napakuran diri lain béak waktu dipaké ngomongkeun batur.

Inget waktu keur budak, ku anu jadi nini pituin sok diajak pangajian minggonan ka masjid, kaum ibu anu séjén geus ramé maca pupujian eusina: lumpat sakabéh jalma, muruna ka nabi Adam, ménta tulung jeung syafaat, jst… harita keur leutik, anu kagambar dina pikiran nalika ngadéngé éta pupujian nyaéta, ngabereyekna jalma lalumpatan di hiji tempat anu pinuh ku kariweuh, da pada hayang ditulungan ku Nabi Adam. Ngan weléh, ari rupa jeung dedegan Nabi Adam mah harita teu kasawang kawas kumaha, da sok dicarék ku kolot jeung aki, ulah ngabayangkeun kumaha rupa jalma anu disebut nabi jeung rosul, pamali! Apal dedegan Nabi Adam ogé éta ngan saukur caritaan ti guru ngaji, cenah jangkungna genep puluh siku, ngaleuwihan tangkal kalapa pipireun imah jigana.

Di pangajian ogé sok diguar kumaha kaayaan di alam sanggeus urang maot, anu disebut barzakh atawa alam kubur. Dijéntrékeun ogé alam séjénna saméméh urang bener-bener nepi ka alam kalanggengan anu disebut akhérat, alam panungtungan, tempat jalma bakal nangtukeun dirina salaku jalma anu bakal salamet atawa cilaka. Malahan – ceuk guru ngaji mah – di hiji tegalan keusik anu disebut padang mahsyar mah jauhna panon poé jeung awak urang ogé ngan satumbak. Barudak di pangajian teu nanya itu jeung ieu, pokona kitu baé, hiji alam anu werit jeung pikasieuneun. Ngan aya tapina, pikasieuneun téh keur jalma jahat, ninggang ka jalma bageur atawa soléh mah, moal panas, malah bakal aya anu mayungan nyaéta kahadéan urang sorangan. Ah, teu sieun.. da getol solat urang mah, ceuk salah saurang babaturan, abong budak kénéh.

Guru ngaji ogé getén dina nerangkeun kaayaan alam barzakh jeung akhérat, henteu asal ngomong da diperes tina dalil-dalil anu jelas. Diguar sawarga jeung naraka.  Teuing kunaon, barudak tara arélég ari ku guru ngaji diguar pasualan akhérat mah, teuing sieun teuing ramé. Disebut dongéng lain, da aya dalilna. Disebut  carita atawa iber da mémang can kungsi kaalaman. Sebut baé pépéling keur anu hirup sangkan kalakuan teu tatarinjulan teuing kawas jalan batu. Teu cukup ku kitu, di sakola ogé didagangkeun komik-komik anu écés  ngagambarkeun kaayaan sawarga jeung naraka. Kabiasaaan barudak harita, sok silih injeum komik, nya hartina mah sangkan séwang-séwangan kabeuli sajudul tapi bisa maca kabéh komik anu dijual ku tukang dagang. Kaayaan sawarga teu jauh béda jeung anu diguar ku guru ngaji, tempat anu pikangeunaheun, cai hérang, tatangkalan héjo ngémploh. Harita mah can kasawang geuning tempat anu pikabetaheun kawas kitu téh teu jauh jeung lembur urang sorangan. Ngan teu wani mikir kawas kitu, sanajan gambar tetep éta mah sawarga.

Kaayaan naraka ogé kitu, sakumaha anu diguar ku guru ngaji mangrupa hiji tempat pikasieuneun, da puguh seuneu anu léléntab, dieusi ku jalma anu pating kocéak, pating darengék, pinuh ku hanjakal, euweuh anu bungah, euweuh sora cai nyuruluk, suwung ku sora manuk, anu aya sora-sora pating jelebét, ceuk guru ngaji mah éta sora déhémna malaikat Jabaniyah jeung malaikat Malik anu boga pancén ngajaga lawang naraka. Malaikat Malik jeung Jabaniyah can kungsi mésem, baketut haseum, camutrak, manyun, panon bolotot, tina jero irung kaluar haseup jeung seuneu, sakali ngaluarkeun omongan ngaguruh kawas angin puyuh, ngabeledug kawas sora guludug. Seuri jeung mésemna malaikat Malik jeung Jabaniyah ngan sakali, ceuk guru ngaji mah nalika Rosulullah arék turun kana jero naraka kusabab rék méré syafaat udzma ka umatna.

Dina mangsa Orde Baru ngawasa, ampir unggal isuk, ti jam lima nepi jam genep, tiap radio geus pasti nyiarkeun pangajian, anu dakwahna KH. Zaenudin M.Z atawa KH. AF Gojali. KH. Zaenudin MZ kungsi ngaguar rupa-rupa ngaran sawarga jeung naraka, dijelaskeun ogé keur jalma modél kumaha éta rupa-rupa sawarga jeung naraka téh dikhususkeunna. Ngan aya anu disebut kerak atawa naraka paling handap, siksaanna paling peurih nyaéta naraka Jahannam. Nepi ka jadi kecap sarkastik kecap Jahannam mah dina paguneman ogé. Barudak harita, sabenerna teu kudu disingsieunan ku bakal diasupkeun kana naraka Jahannam lamun sok bandel atawa ngalawan kakolot, cukup diomongan pamali, doraka, atawa kabadi ogé geus cukup. Lamun aya budak anu bandelna nataku, karék anu jadi kolot ngaluarkeun ucapan: hayang asup kana naraka lain manéh téh bandel-bandel teuing!

Henteu cukup dina pangajian sapopoé, dina calagara rajaban ogé pasualan sawarga jeung naraka jadi jejer utama ajengan anu méré wejangan. Da  nalika dimirajkeun Rosulullah pisan pangalaman spiritual bisa nyaba kana naraka ditingalikeun ku Alloh ka Kanjeng Rosul. Dina ieu pasualan mémang masih jadi padungdengan, naha mangrupa pangalaman spiritual atawa mémang bener-bener dialaman langsung jeung raga badagna, jumhur ulama nyebutkeun Isro-Miraj téh bener-bener raga badag pituin, ceuk carita mah, kajadian ieu téh keur Rosulullah mah mangrupa pangbubungah dina taun kasedih ('Ammul Huzni) keur para sahabat mangrupa cocoba sakumaha tingkat kayakinan jeung kapercayaan sahabat ka Rosulullah. Abu Bakar sorangan mah langsung percaya yén Isro Miraj mangrupa pangalaman jasadiyah. Naon anu henteu bisa? Sagala rupa ogé aya dina kakawasaan Pangéran.

Tilu kayakinan Semit jeung ampir kabéh kayakinan di ieu dunya miboga konsép anu ampir sarua ngeunaan sawarga jeung naraka. Bangsa Mesir Kuno jeung masyarakat Mesopotamia miboga kayakinan anu ampir sarua, yén tiap jalma anu maot bakal ngarandapan hela sababaraha pasualan jeung ujian, bisa disebut sidang atawa pangadilan ti Anu Maha Kawasa. Anu ditanyakeun ku Anubis –umpamana- naon anu bisa ditukeurkeun ku jalma sangkan bisa asup ka sawarga? Di masyarakat Mesir Kuno, lamun jalma biasa atawa cacah anu maot, biasana saméméh Si Mayit dipalidkeun ka Wahangan Nil, dina panon mayit biasa ditutupan ku dua duit logam, keur mayar ka Anubis atawa nebus tikét asup ka alam akhérat saméméh jalma bener-bener disidang ku Dewa Ra. Béda jeung mayit para ménak atawa gegedén Mesir, maranéhna mah langsung dimakamkeun dina jero Piramida, sabab ruh raja-raja Mesir mah turunan langsung ti Dewa Ra, jadi langsung bisa nepungan anu jadi Dewa, henteu kudu ngaliwatan sidang ku Anubis. Masyarakat Mesir dina jaman harita henteu loba tatanya, kusabab ieu mah pasualan kayakinan, percaya baé kitu sagemblengna. 

Ngan, kadieunakeun pikiran jalma ogé beuki maju, ritual ngurebkeun atawa "pemakaman" samodél kitu kawilang kurang adil. Dina mitologi Mesir disebutkeun, Horus interupsi ka Amun Ra, sangkan anu dijadikeun ukuran bisa jeung henteuna jalma asup ka alam akhérat lain ku bekel mangrupa harta tapi ku kalakuan jalma salila hirup di dunya. Sabab, kalakuan jalma salila hirup di dunya anu mawa pangaruh kana kahirupan di alam akhérat, lain lobana harta anu dipiboga. Karunya ka jalma miskin, sedengkeun miskinna jalma lain saukur dipangaruhan ku teu daék ikhtiar wungkul, ogé geus ditakdirkeun ku Amun Ra yén éta jalma mémang kudu miskin. Amun Ra satuju, da Horus téh anak pituinna meureun.

Agama Kristen jeung Yahudi ogé miboga pamadegan anu ampir sarua, aya anu disebut Purgatorium jeung Gehenna. Jalma bakal ngaliwatan hela sababaraha siksaan dibeuleum ku seuneu saméméh ruhna suci jeung naék ka sawarga. Dina abad pertengahan, Purgatorium dijelaskeun kalawan éndah ku Dante Alighieri dina Divina Comedia (Komedi Ilahi). Ruh Dante ngurilingan heula naraka anu dipinuhan ku rupaning siksaan saméméh nepi ka tempat anu disebut sawarga. Kayakinan ieu nepi ka danget ayeuna dicekel pageuh ku Kristen sakumaha Yahudi percaya kana Gehenna (Jahannam), ogé umat Islam nu percaya kana ayana sawarga jeung naraka. 

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Syarat Izin Operasional Padepokan

PEMERINTAH KOTA SUKABUMI DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN Jl. Pelabuan II Km.5 Telp (0266) 221766 Sukabumi

PERSYARATAN IZIN OPERASIONAL SANGGAR/LINGKUNG SENI/ PADEPOKAN SENI
A.PERSYARATAN
1.Membuat Surat Permohonan Izin Operasional SK/Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan 2.Melengkapi Administrasi a.Photo Copy KTP pemilik/pimpinan organisasi. b.Pas Photo 3x4 (2 lembar). c.Membuat Surat Permohonan Izin Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan. 3.Kelengkapan Database a.Sanggar : -Harus ada murisd yang terdata. -Profil/ Daftar Struktur Organisasi sanggar. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan Buku Induk Peserta kursus sanggar. b.Lingkung Seni : -Profil/ Daftar Struktur Organisasi Lingkung Seni. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan  bukti kegiatan Lingkung Seni. c.Padepokan :

Review Buku: Islam Pascakolonial

Resume Buku: Kyai dan Perubahan Sosial

Buku karya Hiroko Horikoshi berjudul Kyai dan Perubahan Sosial membahas tentang kyai dan ulama di Perdesaan Jawa Barat, Indonesia. Kyai dan ulama adalah gelar ahli agama Islam. Lokus penelitian dilakukan oleh Horikoshi di Kampung Cipari, Garut. Hal penting yang diinginkan dalam penelitiannya tersebut adalah menjawab sebuah persoalan penting yang sering diperdebatkan selama beberapa tahun tentang peran kyai dalam perubahan sosial. Geertz pernah menyoal antara kyai, santri, dan abangan, namun dalam karya Geertz tersebut masih ada kontradiksi pernyataan, tidak tegas, sering muncul pertentangan satu sama lain. Satu sisi Geertz menyebutkan kyai sebagai pemantik ‘kebebasan berusaha’, namun pada sisi lain ia menyebutkan kyai sebagai pemantik bagi masyarakat dalam pengejaran kehidupan di akhirat nanti, hanya bergumul pada persoalan pahala dan dosa saja.[1]




[1] Zamakhsarie Dhofier. 1982. Tradisi Pesantren: Studi tentang Pandangan Hidup Kyai. Jakarta: LP3ES. Hal 5.

Kang Warsa - 2014