Langsung ke konten utama

Guru Jaman Old, Kid Jaman Now

Kekecapan 'old' jeung 'now' sabenerna geus aya dina kamus ti saprak kamus Basa Inggris diserat ku  Samuel Johnson dina taun 1755. Old jeung now –kalawan harfiah- boga harti heubeul jeung anyar atawa baheula jeung ayeuna, lamun dina gramatika Arab mah maadli jeung mudloré.

Kekecapan jeung basa -kusabab henteu bisa dipisahkeun jeung kahirupan jalma- tangtu ngalaman robah sakumaha robahna tata cara jalma dina ngeusi kahirupan. Robahna basa jeung kecap dilantarankeun ku budaya jalma anu terus ngangsreg, beuki majuna kamotékaran dina hirup, jeung sikep merenahna éta basa nalika diucapkeun lain kusabab loyog jeung undak-usuk basa. Kadieunakeun mah budaya samodél kitu disebut baé budaya pop.

Tilu bulan katukang, babasaan 'kid jaman now' atawa barudak jaman kiwari jadi viral dina sababaraha media sosial, malahan jadi babasaan ti anu jadi kolot keur nyebut kalakuan barudak ayeuna anu pasalia jeung naon anu dipiharep. Geus tangtu anu jadi kolot mikahayang budakna ngalakonan naon baé anu kawilang idéal jeung kahayang anu jadi kolot, sok sanajan henteu nénjo kana kaayaan jeung lingkungan anu geus jauh béda antara bihari jeung kiwari.

Kekecapan samodél: 'Ah, dasar kid jaman now, hésé dipapatahan atawa hésé narima papatah kolot!' Geus jadi sabiwir hiji, malah mindeng pisan diri urang manggihan kekecapan kitu diserat ku anu jadi kolot dina média sosial, utamana facebook. Lamun dinégasikeun mah, sabenerna kekecapan kitu téh nyindiran diri sorangan, anu jaradi kolot anteng facebookan ku barudak bisa diomongkeun kieu ogé: ' Ah, dasar kolot jaman now kurang perhatian kanu jadi budak, pasualan budak kalah ngadon diserat dina facebook'.

Basajan pisan sabenerna cara ngalogiskeun pola hirup jalma dina mangsa kiwari mah. Salah sahiji contona dina pasualan ageman: jalma nuaran tangkal jeung ngabukbak leuuweung, tuluy kaina dipaké keur ngawangun tempat ibadah, nalika usum katiga/halodo cai saat, saterusna jalma ngadarunga di tempat ibadah sangkan Anu Maha Kawas nurunkeun hujan. Padahal, héséna cai dina usum katiga téh dilantarankeun ku dibukbakna leuweung ku manusa-manusa kénéh.

Anu jadi kolot mémang ringrang nalika 'jaman now' ngahiji jeung mangaruhan barudak, teu bisa nyalahkeun kana jaman antukna anu disalahkeun nyaéta barudak-barudak kénéh, majar téh henteu bisa ngigelan jaman, henteu bisa nanjeurkeun papagon anu geus diwariskeun ku karuhun, padahal anu jadi kolotna ogé teuing iraha kungsi nanjeurkeun papagon anu geus diwariskeun jeung diguratkeun ku karuhun. Sawaréhna deui ngaromong: kusabab barudak ayeuna mah geus jarauh jeung agama atawa ageman hirup, sabari henteu nanya kana diri, geus sakumaha deukeutna  diri urang ka Pangéran?

Barudak mah geus tangtu nyonto jeung niron kanu jadi guru (arék kolot di imah atawa kolot di sakola) ogé guru anu paling gampang digugu ditiru nyaéta lingkungan, sedengkeun lingkungan sorangan diciptakeun lain ku sasaha tapi ku jalma-jalma kénéh. Barudak atawa 'kid jaman now'  moal loba anu nyonto ka 'guru jaman old', tangtu bakal nyonto ka 'guru jaman now'. Barudak moal maraké interkom anu ngagunakeun kawat tambaga tangtu leuwih milih nyarekel ponsél cerdas sabari aranteng médsosan. Kanyataan samodél kitu kusabab nyonto ka guru (kolot, guru, jeung lingkungan) 'jaman now' anu leuwih mintonkeun pasualan-pasualan matéri bari mandeurikeun spiritualitas. 

Conto leutik sikep kitu nyaéta: diri urang sabenerna hirup dipinuhan rasa hanaang ku kahayang sakapeung mah dibarengan ku sikep rudet, mawa pangaruh kana tagog jeung budi anu haseum, ngan nalika dipotrét ku ponsél mah angger baé diri urang mintonkeun kabungah da éta photo arék diapungkeun kana médsos. Sikep qona'ah, ngarasa cukup, ceuk urang lembur mah sikep "tuh-ya" di mana butuh aya mémang geus jauh dina diri urang.

Anu matak, nalika barudak atawa 'kid jaman now' diajak sangkan nyonto ka guru (kolot, guru, jeung lingkungan) 'jaman old' cukup ku ngomong: 'Ah, kudét, kurang update, henteu kekinian, jeung bakal disebut kuno'. Henteu anéh dina 'jaman now' atawa kiwari loba pisan jalma anu ngan saukur bisa nineung kana pangalaman hirup 'jaman old' ku caritaan atawa ku cara mintonkeun deui barang-barang anu kungsi marengan hirup saperti walk-man, radio tape, kasét, cangkang kembang gula, sapatu anu hurung, jrrd sok sanajan dina bentuk gambar. Saterusna ditambahan ku 'caption' atawa katerangan: Barudak 'jaman now mah moal apal kana barang-barang ieu!'.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Syarat Izin Operasional Padepokan

PEMERINTAH KOTA SUKABUMI DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN Jl. Pelabuan II Km.5 Telp (0266) 221766 Sukabumi

PERSYARATAN IZIN OPERASIONAL SANGGAR/LINGKUNG SENI/ PADEPOKAN SENI
A.PERSYARATAN
1.Membuat Surat Permohonan Izin Operasional SK/Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan 2.Melengkapi Administrasi a.Photo Copy KTP pemilik/pimpinan organisasi. b.Pas Photo 3x4 (2 lembar). c.Membuat Surat Permohonan Izin Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan. 3.Kelengkapan Database a.Sanggar : -Harus ada murisd yang terdata. -Profil/ Daftar Struktur Organisasi sanggar. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan Buku Induk Peserta kursus sanggar. b.Lingkung Seni : -Profil/ Daftar Struktur Organisasi Lingkung Seni. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan  bukti kegiatan Lingkung Seni. c.Padepokan :

Review Buku: Islam Pascakolonial

Resume Buku: Kyai dan Perubahan Sosial

Buku karya Hiroko Horikoshi berjudul Kyai dan Perubahan Sosial membahas tentang kyai dan ulama di Perdesaan Jawa Barat, Indonesia. Kyai dan ulama adalah gelar ahli agama Islam. Lokus penelitian dilakukan oleh Horikoshi di Kampung Cipari, Garut. Hal penting yang diinginkan dalam penelitiannya tersebut adalah menjawab sebuah persoalan penting yang sering diperdebatkan selama beberapa tahun tentang peran kyai dalam perubahan sosial. Geertz pernah menyoal antara kyai, santri, dan abangan, namun dalam karya Geertz tersebut masih ada kontradiksi pernyataan, tidak tegas, sering muncul pertentangan satu sama lain. Satu sisi Geertz menyebutkan kyai sebagai pemantik ‘kebebasan berusaha’, namun pada sisi lain ia menyebutkan kyai sebagai pemantik bagi masyarakat dalam pengejaran kehidupan di akhirat nanti, hanya bergumul pada persoalan pahala dan dosa saja.[1]




[1] Zamakhsarie Dhofier. 1982. Tradisi Pesantren: Studi tentang Pandangan Hidup Kyai. Jakarta: LP3ES. Hal 5.

Kang Warsa - 2014