Langsung ke konten utama

Bah Iti jeung Bah Mardi

KACIDA bagja Bah Iti mah, salah saurang kolot anu dumukna di Kampung Tegal Jambu. Umur geus nincak leuwih 90 taun, ngan katénjo jagjag waringkas, masih kuat leumpang nepi ka tilu kilometer jauhna. Kabagjaan Bah Iti lain kusabab dibéré umur anu kawilang panjang, ingetan masih béngras, jeung rupaning hal anu teu karandapan ku jalma anu kungsi hirup saentragan jeung manéhna. Kabagjaan ieu dilantarankeun manéhna teu apal kana pacogrégan anu aya di ieu alam dunya, utamana dunya maya, dunya anu umurna karék sadékade-an.

Bah Iti jauh jeung ramé ogé beuki mahabuna papaséaan ucapan, paguneman, jeung basa ti mimiti anu disebut sopan nepi ka kekecapan anu teu payus diobral dina média. Ti mimiti maraséakeun pasualan leutik nepi ka pasualan kanagaraan. Ceuk urang dayeuh mah pasualan  anu terus-terusan ngabalukarkeun pro jeung kontra. Beulah ditu aya anu nyebut Habib Rizieq mangrupa Singa Alloh, ku beulah dieu diléléwa, majar téh Singa Ompong tur lémong. Pacogrégan terus nyambung ka handap nepi ka silih hina jeung sasama. Tah Bah Iti mah éstu teu ngalaman komo nepi ka anclub jadi aktor pacogrégan dina kahirupan.

Nalika ditanya ngeunaan Pilkada Jabar jeung Sukabumi, manéhna ngan saukur mésem sabari ngedalkeun omongan: anu penting pamingpin ka hareup jujur jeung bener. Ngan sakitu. Teu kabita ku kaos, kaméja, atawa pangbibita séjén anu biasa ujug-ujug ramé dina usum kompanye. Udud sabatang jeung kopi sacangkir anu bisa meruhkeun éta kolot. Jujur jeung bener –arék pamingpin anu keur ngawasa atawa calon pamingpin- lain ditangtukeun ku sikep saharitaeun, tapi éstuning kaluar tina sanubari éta jalma. Hal éta anu bakal meruhkeun haté masyarakat, lain ngan saukur ditangtukeun ku tagog jeung jegug, kitu ceuk Bah Iti.

Pacogrégan anu terus-terusan lumangsung di dunya maya sabenerna teu leupas tina sikep ateul diri urang kudu milu aub jeung incikibung kana pasualan anu sabenerna teuing naon? Aya éta ogé anu boga kamandang lamun pasualan anu keur lumangsung téh saolah henteu bisa dipisahkeun jeung kayakinan atawa ageman. Sawaréhna deui aya anu boga pamadegan, ah euweuh hubungan jeung kayakinan atawa agama, ieu mah murni politik atawa bisnis. Conto leutik, di éropa jeung Amérika, poénan Valentin direuah-reuah motifna jelas ékonomi jeung bisnis, nepi ka Indonésia, pasualan Valentin sumarambah jadi pasualan agama, dalil-dalil anu dicatut tina hadits ngaburudul nyawad ieu kariaan Valentin. Bérés Valentin? Nya lumpat deui kana pasualan séjén. 

Lamun ka Bah Iti ditanyakeun: Saha Habib Rizieq Shihab, saha Ahok, jeung pasualan anu ku urang disebut kekinian, Bah Iti geus tangtu ngabati gideug. Teuin, abah mah teu apal nu kararitu. Nalika diajak: Abah salaku umat Islam wajib ngadegkeun khilafah! Bah Iti geus pasti ngajawab: Ah, ti baheula ogé  Abah mah  solat lima waktu, teu kudu ngadeg-ngadeg nagara, euweuh anu kikituan, da ceuk kolot abah ogé, sing akur jeung dulur, bageur ka batur. Jadi dina kamus diri Bah Iti mah, euweuh anu kikituan, hirup mah lakonan baé sawajarna.

Ngeunaan hirup mah lakonan sawajarna mémang bener sabab dina ieu kahirupan sagala rupa geus didésain kalawan otomatis ku Alloh. Conto leutik, sanajan Si Samson atawa Hulk miboga tanaga rongkah, awak kuat kawas waja, tulang balung, urat kawat nalika manéhna dititah nyekelan gelas terus-terusan, lila-lila bakal cangkeul, teu kudu nunggu dua poé éta geulas bakal dileupaskeun, sahenteuna dina diri jalma anu anu disebut rasa boseun. Dina waktuna mah, papaséaan jeung padungdengan dina dunya maya ogé bakal bérés nalika jalma geus baroseuneun. Ngan henteu kitu, dunya bakal terus dipinuhan ku pacogrégan kucara régenerasi. Para senior mah bener geus arakur jeung boseun papaséaan, dituluykeun ku para yunior anu masih bisa disebut barudak nongtot lého. Régenerasi ieu anu jadi lantaran papaséaa tuluy-tuluyan lumangsung, kawas Perang Salib anu nepi ka lumangsung ratusan taun jeung nepi ka mang jilid-jilid.

Neuleuman Bah Iti henteu jauh jeung neuleuman Bah Mardi suwargi urang Balandongan. Mangsa kuring keur budak sok ngahaja ngobrol jeung Bah Mardi, dua generasi anu jauh umur jeung pangalaman hirup, kuring karék nincak umur tujuh taun, Bah Mardi geus arék genep puluh taun. Bah Mardi katelah resep heureuy, kawas anu tara lieur dina nyanghareupan hirup. Geus jadi babasaan kaluar dina dirina: Aca, tah ieu téh sendal jieunan jelema hirup! Ceuk manéhna ka kuring. Kuring ngabati mésem baé, da enya atuh sendal, sapédah, béca, wahon, jeung pakakas hirup séjénna dijieun ku jalma hirup. 

Kabiasaan Bah Mardi – lamun ceuk brudak millennial mah- kongkow di imah anu jadi aki pituin. Anu diwangkongkeun lain nanaon, ngan pasualan-pasualan sapopoé ngeunaan tatanén. Henteu ngomongkeun –harita jaman Orde Baru- kulawarga Cendana anu melak cengkéh jeung kalapa mang héktar-héktar di Sukabumi beulah kidul, komo nepi ka ngawangkongkeun pasualan politik. Lep nyesep udud daun kawung, peledug haseup dikaluarkeun, barabat ngomongkeun di sawah keur usum rampak, atawa usum engké mah sawah téh arék dipelakan hela bonténg moal waka ku paré, can kahéler kabéh paré hasil panén taun kamari ogé.

Bah Mardi jeung anu jadi aki biasa ngilu pangajian minggonan di masjid jamé. Ajengan atawa muallim di masjid  parigel pisan dina nerangkeun fikih, tafsir, jeung élmu kalam. Tara ngusik jeung ngurus kayakinan ogé pamadegan batur, komo nepi ka nyebut kafir ka sasama mah. Cukup nyaangan masyarakat ku pangarti jeung élmu: lamun keur di sawah tuluy dur bedug lohor disada, teu kudu balik hela ka imah, beberesih baé di sawah, tuluy solat di saung! Kitu ceuk ajengan ka jamaah pangajian.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Syarat Izin Operasional Padepokan

PEMERINTAH KOTA SUKABUMI DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN Jl. Pelabuan II Km.5 Telp (0266) 221766 Sukabumi

PERSYARATAN IZIN OPERASIONAL SANGGAR/LINGKUNG SENI/ PADEPOKAN SENI
A.PERSYARATAN
1.Membuat Surat Permohonan Izin Operasional SK/Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan 2.Melengkapi Administrasi a.Photo Copy KTP pemilik/pimpinan organisasi. b.Pas Photo 3x4 (2 lembar). c.Membuat Surat Permohonan Izin Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan. 3.Kelengkapan Database a.Sanggar : -Harus ada murisd yang terdata. -Profil/ Daftar Struktur Organisasi sanggar. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan Buku Induk Peserta kursus sanggar. b.Lingkung Seni : -Profil/ Daftar Struktur Organisasi Lingkung Seni. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan  bukti kegiatan Lingkung Seni. c.Padepokan :

Review Buku: Islam Pascakolonial

Resume Buku: Kyai dan Perubahan Sosial

Buku karya Hiroko Horikoshi berjudul Kyai dan Perubahan Sosial membahas tentang kyai dan ulama di Perdesaan Jawa Barat, Indonesia. Kyai dan ulama adalah gelar ahli agama Islam. Lokus penelitian dilakukan oleh Horikoshi di Kampung Cipari, Garut. Hal penting yang diinginkan dalam penelitiannya tersebut adalah menjawab sebuah persoalan penting yang sering diperdebatkan selama beberapa tahun tentang peran kyai dalam perubahan sosial. Geertz pernah menyoal antara kyai, santri, dan abangan, namun dalam karya Geertz tersebut masih ada kontradiksi pernyataan, tidak tegas, sering muncul pertentangan satu sama lain. Satu sisi Geertz menyebutkan kyai sebagai pemantik ‘kebebasan berusaha’, namun pada sisi lain ia menyebutkan kyai sebagai pemantik bagi masyarakat dalam pengejaran kehidupan di akhirat nanti, hanya bergumul pada persoalan pahala dan dosa saja.[1]




[1] Zamakhsarie Dhofier. 1982. Tradisi Pesantren: Studi tentang Pandangan Hidup Kyai. Jakarta: LP3ES. Hal 5.

Kang Warsa - 2014