Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Juli, 2016

Carpon: Kolor Beureum

Ku Kang Warsa
Kuwu Jumena keur meujeuhna lieur, henteu lieur kumaha, dina taun ieu aya lima pangwangunan anu ngandelkeun waragad tina anggaran ti pamaréntah can réngsé kénéh. Lain kunanaon, Pa Camat jeung Dinas Tarlingkim geus ngawanti-wanti pangwangunan kudu réngsé sagancangna, méméh Agustusan kudu geus nepi saratus persén, laporan jeung unak-anikna kudu geus dipasrahkeun ka pamaréntah. Alesanna nyaéta bisi ngahahalang kana dibetuskeunna APBD Perubahan taun anggaran 2016. Pangwangunan anu can réngsé lain pangwangunan biasa, da ieu mah ampir 80% wangunan posyandu anu tohaga jeung sumur artésis.
" Matak muruluk buuk teu pupuguh ieu mah, Ukar!" Ceuk Kuwu Jumena ka Ulis Ukar, ngudud ogé katénjona teu mirasa, haseup dibura-bura kamana nyanghareup. " Cik atuh bantuan mikir kuring téh, asa juwet, da biasana ogé teu kawas kieu pangwangunan téh, lancar wé anu aya taun-taun kamari mah."
" Da sanés di désa urang wungkul kajantenan kieu téh, Pa Kuwu.." Ulis Ukar ngomon…

Carpon: Ngurangan Umur

Geus mangsana asup usum halodo bulan ieu téh, tapi ampir unggal poé hujan masih kénéh turun. Unggal wanci kalangkang satangtung awak geus ceudeum, teu ngadagoan sababaraha menit, byur hujan turun maseuhan taneuh. Dina waktu hujan turun, reup baé kahirupan urang Cihérang pareum, anu keur di kebon jeung sawah lalumpat, muru ka saung atawa langsung balik ka imahna séwang-séwangan. Ngaharodhod, ngalelempréh, jeung ngagojod di kamar dibulen ku simbut. Sawaréhna ngaronghok di téras imah sabari ngudud daun kawung.
“ Aduh, éta lalawora manéh kumawani ngudud daun kawung sakitu hujan keur badag nakeran kieu!” Ceuk Bah Uko ka Mang Ipin waktu arék ka sawah, da galengan sawah rempag cenah mah.
“ Naha, Abah?” Témbal Mang Ipin tumaninah ngenyot daun kawung, peledug haseup kaluar tina bahamna, diseuseup deui semu nikmat.
“ Bisi kabéntar guludug, deuleu!”
“ Haha, heureuy téh ngadoakeun uing modar, Abah!”
“ Beneran déwék mah, tuh ténjo tangkal kawung Si Upar, kamari kabéntar guludug nepi ka rénghék!” Pokna…

Maca Fatihah di Kuburan

Geus jadi kabiasaan di lembur, dina poé lebaran sanggeus silaturahmi, ngadeuheus, jeung sungkem ka kulawarga jeung tatangga dituluykeun kana jarah ka kuburan. Astana ramé, kunu ngaji, kunu ngadunga, ogé tahlil.Kabiasaan alus anu kudu terus dijaga jeung dimumulé. Sok sanajan aya sawaréh golongan anu ngabid'ahkeun bucu-baca di kuburan. Da majar teu dicontoan ku Rasulullah. Nya keun émang kitu kayakinanna. Ngan dina ieu seratan rék dipedar naon sabenerna hikmah dina hadiah ka ahli kubur?Aya anu nanya, émangna éta hadiah anu dibaca téh nepi kitu ka ahli kubur? Pananya samodél kieu gampang dijawabna, nya tangtu nepi. Alesanna? Euweuh iber atawa report ti Gusti Anu Maha Suci lamun dunga jeung kiriman ti jalma anu hirup ka ahli kubur ditolak! Siga SMS, nalika euweuh report "delivery not succes" hartina éta SMS nepi kanu dituju, intina urang diajar alus sangka baé heula.Jarah, tahlilan, jeung ngirim hadiah ka ahli kubur mangrupa budaya jeung kabiasaan anu geus lumangsung rébuan …

Asmarandana

Ceuk sakaol mah ieu pupuh midangkeun "eusi haté" anu rongkah, mibanda ogé papatah dina tiap padalisanna. Keur saha baé anu mikareueus jeung mikaresep kana pupuh, Asmarandana miboga témpo Maestoso jeung Animato, linuhung, tegep, tur pinuh ku sumanget.Lamun dititénan kalawan daria, salah sahiji pupuh Asmarandana anu kawentar nyaéta : éling.. éling mangka éling// rumingkang di bumi alam// darma wawayang baé. Kecap konci dina padalisan-padalisanna nyaéta éling, rumingkang, jeung darma.Konsép kosmologi tina kasundaan anu mintonkeun jagad leutik salaku manusa, dina hirup dumuk jeung paripolah kudu saluyu jeung jagat gedé, hal ieu bakal ngabralkeun hiji kasadaran anyar (éling) timana jeung bakal ka mana manusa. Éling mangrupa hiji kaayaan nalika nalar, akal, jeung budi leumpang babarengan teu silih udag. Dina tiap kayakinan, konsép éling mangrupa password keur diri manusa sangkan bisa asup kana kahirupan ieu. Dina Al-Qur'an dijéntrékeun ku dalil-dalil anu ditungtungan ku panany…

Kahirupan Leupas tina Nalar

Hirup di jaman kiwari geus loba anu kawilang teu rasional. Disebut modérn padahal urang keur katalikung ku naon anu sabenerna leuwih cocog dialaman ku jalma-jalma anu hirup rébuan taun ka tukang. 
Loba conto dina kahirupan urang ayeuna anu leuwih nénjokeun kanyataan alam pikiran irrasional, nalar dibelewerkeun kana tempat anu leuwih handap, anu nyaliara dina diri éstuning kahayang nataku anu disebut Égoséntris.
Dina kahirupan atikan umpamana. Loba anu nyakolakeun budak ka sakola-sakola anu leuwih jauh dijugjug tibatan ka sakola anu aya di wewengkon sorangan. Alesanna réa, salah sahijina boga pikir sakola anu dijugjug leuwih pinunjul tibatan sakola anu aya di lembur sorangan. Teu saeutik ogè anu ngan saukur kababawa kusabab budak tatangga sarua nyuprih pangarti di sakola anu leuwih jauh. Balukarna, anu jadi kolot diriripuh ku kahayangna sorangan, unggal isuk geus cuh cih itu ieu, nyiapkeun kaperluan budak, jeung kudu ngajajap budak ka sakola nu dituju. Loba hal anu teu kapigawé.
Dina taun…

Kembang Désa Kadesek Ku Cabé-Cabéan

Wanoh kana ‘idiom’ Kembang Désa ti indung pituin nalika umur salapan taun. Kungsi cumarita ka kuring: “ Kembang Désa di Balandongan nyaéta Si Iis!” Can ngarti naon harti éta idiom lamun ku indung teu dijelaskeun, Kembang Désa téh nyaéta wanoja anu kawilang pang geulisna dibanding wanoja séjénna. Lain ukur geulis rupa wungkul, disampurnakeun ogé ku ahlak nu hadé.
Beuki kaharti naon anu dimaksud Kembang Désa nalika Rhoma Irama nyiptakeun lagu jeung film Primadona Désa. Ku ukuran tagog, anu disebut Kembang Désa nyirénkeun wanoja anu biasa hirup di lingkungan pasantrén, sapopoéna teu leupas ditiung, leungeun nangkeup Al-Qur’an dina harigu, handap asor, jeung tara cunihin ka kaum Adam. Sebutan séjén keur Kembang Désa nyaéta Béntang Désa, wanoja pang moncorongna di hiji wewengkon ibarat béntang anu nyongcolang aya di langit, hésé kahontal!
Idiom Kembang Désa geus jarang dipaké deui dina jaman kiwari. Lamun niténan kana kaayaan sosio-kultural ayeuna ieu dilantarankeun ku sababaraha sabab; kahi…

Pinangan dari Selatan: Sisi Kehidupan Sang Gerilya

Membaca novel ini sama artinya dengan membongkar kehidupan yang dipenuhi oleh kompleksitas namun memiliki koneksi antara satu unsur dengan unsur lain. Kehidupan dihadirkan tidak selalu menampilkan fenomena melodramatik, namun sering diliputi oleh penyatuan masa lalu, masa kini, dan harapan di masa depan.
Muatan-muatan yang terkandung di dalamnya sering mengingatkan saya pada beberapa naskah Sunda Kuno seperti Amanat Galunggung dan beberapa  folklor  yang berkembang dengan baik di masyarakat Sunda. Amanat Galunggung, sebuah naskah yang ditulis oleh seorang Resi Sunda dari daerah selatan mewanti-wanti kepada generasi setelahnya terhadap pentingnya menjaga warisan masa lalu: Hana Nguni Hana Mangke, Tan Hana Nguni Tan Hana Mangke Aya Ma Beuheula Aya Nu Ayeuna, Hanteu Ma Beuheula Hanteu Tu Ayeuna Hana Tunggak Hana Watang,  Tan Hana Tunggak Tan Hana Watang Hana Ma Tunggulna Aya Tu Catangna*) . Adanya masa kini tidak terlepas dari masa lalu, ada sebab dan ada akibat.
Membongkar ingatan dan men…

Kang Warsa - 2014