Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Juni, 2016

Tangkal Beton jeung I am Legend

Kungsi ngalalajoan film I am Legend? Bener, Will Smith jadi tokoh utama dina éta film. Sinopsis basajanna kieu: kahirupan jalma dipinuhan ku pakéwuh nalika virus ngainfeksi jalma-jalma anu aya di Kota New York. New York jadi kota tiiseun, paéh tina kahirupan. Jalma-jalma anu kainféksi ngawujud jadi mahluk pikasieuneun, sirah dugul, haus ku getih, resep ngadahar daging manusa, hirup di rohangan beton anu poék, jeung sieun katojo ku cahya srangéngé. 
New York ngawujud jadi kebon beton anu suni tibeurang ngan ramé ku récétna sora mahluk anyar akibat virus anu diciptakeun ku militer.
Ieu ngan ukur film fiksi ilmiah malah leuwih condong kana génré film horror. Tangtu miboga pesen arék dina bentuk satire atawa pangléléwa kana kahirupan ayeuna. Jalma mangrupa mahluk sosial, geus sakuduna lamun hirup di lingkungan komunal anu bakal minton dina kahirupan nyaéta sikep silih ajénan jeung sasama. Ngan, kusabab kamajuan jaman, lingkungan komunal anu asalna hirup jeung tumuwuhna jalma teu bisa leupas…

Ikhlas

Hésé pisan dina milampah sagala hal kudu dibarengan ku ikhlas téh. Cindekna, ikhlas mangrupa tékad jeung hiji sikep anu mibanda tingkat jeung darajat luhur, teu gampang kahontal.Ceuk sawaréh ulama mah, dina prak-prakkan ibadah ku boga niat hayang meunang pahala atawa buruhan ogé geus nandakeun leungitna kaikhlasan dina diri. Aya pamrih anu diperedih, aya kahayang anu dipénta. Niat dina arék nyanghareupan sagala rupa, komo anu sifatna pangabdian kanu Kawasa sok dibarengan ku lafadz niat "lillaahi ta'ala", hartina mungguh kersaning jeung nihil tina pamrih. Mangrupa sikep sukur mahluk ka Kholik. Peupeuriheun moal mungkin bisa mayar kana sakabéh ni'mat ti Gusti, atuh dina pangabdian mah teu kudu mintonkeun sagala rupa kahayang. Ku solat jeung puasa ogé pamohalan bisa ngalunasan kana oksigén jeung hawa anu geus diseuseup ku diri urang.Dina Qur'an aya hiji surat, dibéré ngaran al-Ikhlash, sok disebut Qulhu di lembur mah. Dibéré ngaran kitu kusabab dina éta surat bener-…

Macét Jeung Bukber

‎Bulan puasa ka puasa deui, loba anu kudu dicaritakeun. Sok sanajan jejerna éta deui éta deui. Keur ukuran urang salaku jalma anu geus ngatranformasikeun diri tina masarakat rural ka neo-urban ngan dua pasoalan anu jadi jejer carita salila bulan puasa: kamacétan di jalan jeung bukber.
Lima taun ka tukang, kuring kungsi ngomong ka babaturan, harita bulan puasa, " Jigana, lima taun kahareup mah anu ngaranna jalan ogé gang leutik bakal padedet ku kandaraan, Kang!" Teu kudu disebut ramalan, éta mah éstuning analisa kuring nalika nalingakeun kaayaan di jalan waktu harita.
Lima taun ti saprak éta ucapan, bulan puasa geus asup kana poé katujuh, kuring rék aya perlu, balanja ATK ka toko AA anu pernahna aya di jalan raya. Lain bohong anu ngaranna motor jeung mobil padedet minuhan jalan. Ngeteyep silih sedek. Jalma-jalma ogé euyeub minuhan jalan, ceuk urang Jakarta mah "tumpah ruah". 
Keur ukuran Kota Sukabumi, anu can nepi kudu disebut metropolitan, kamacétan samodél kitu can …

THR

Sok diguguyonkeun ku barudak mah, THR teh akronim tina Tarang Herang. Maksud sabenerna mah Tunjangan Hari Raya. Hiji kabiasaan di masarakat urang dina nyanghareupan lebaran.
Kantor jeung perusahaan mere tunjangan minangka panyecep ka pagawena arek ku duit, kuweh,parcel, jrrd. Pangbubungah dina nyanghareupan poe anu suci. Saminggu memeh lebaran akronim THR jadi trending topic dina rupa-rupa medsos. Aya anu memang bener hayang jeung kaciri pisan ngarep-ngarep diberena. Saha anu teu butuh duit atuh? Komo keur nyanghareupan kabutuhan lebaran anu kacida mahabu, ti mimiti pakean, kadaharan, nepi ka kandaraan sewaeun keur mulang atawa mudik ka lembur.
Ti sagigireun eta, aya oge anu hare-hare, teu pati nolih rek meunang atawa henteu THR. Sok sanajan dina hate leutik mah sarua, ngarep-ngarep. Aya transformasi anyar dina cara meunang THR, rek dilakukeun ku saurang-saurang atawa ku hiji lembaga, kucara nyebarkeun amplop ka perusahaan, sakola, jeung dines-dines. Ari disebut menta mah kasar teuing, …

Peran Kaum Sophis, Filsuf, Hunafa, dan Sufi

Bagian I
Oleh : Kang Warsa
Ada semacam keanehan ketika Plato menyebutkan - secara detail - peradaban dari Timur. Dia menulis kisah tentang sebuah peradaban yang telah berkembang di belahan bumi bagian Timur. The East of Eden, sorga di Timur. Ekstase dan pencapaian batiniyah seorang Plato ini tentu berseberangan dengan logika yang dianut oleh para sophis Yunani Kuno waktu itu. Buah pikiran Plato dengan tingkat transenden yang sangat tinggi ini menjadi sebab alam pikiran Yunani Kuno terbagi menjadi tiga: 1. Mereka para pemuja kebijaksanaan materi, phisik. 2. Mereka yang memadukan dua hal bertentangan, phisik dan nous. 3. Mereka para pemuja mitologi. Kelompok ketiga ini cenderung dianut oleh para penguasa dan agamawan yang dekat dengan kekuasaan.
Pertentangan terjadi, jauh sebelum Plato menyodorkan konsep negara ideal. Gurunya, Sokrates merupakan seorang yang hidup sejaman dengan kaum sophis yang benar-benar menentang kekuasaan kelompok tirani. Kelompok ini membonceng keyakinan, mengendal…

Lemburcukang

Lemburcukang, salah sahiji ngaran lembur anu aya di wewengkon Lembursitu. Dibéré ngaran Lemburcukang sabab di jalan utama ieu lembur aya cukang anu ngahubungkeun ka lembur séjén.

Nepi ka taun 80-an, cukang anu diwangun di ieu lembur mangrupa tangkal kalapa anu digolérkeun, nepungkeun sisi susukan. Geus ilahar, tangkal kalapa dijieun cukang kulantaran weweg tur teu gancang koropokan.

Kiwari mah geus lain ku tangkal kalapa deui. Cukang ogé geus diganti ku jambatan. Ku tembok, katénjona mah leuwih weweg tibatan ku tangkal kalapa. Ngan moal mungkin ieu kampung robah ngaran jadi Lemburjambatan kusabab cukang tangkal kalapa geus kalindes ku jambatan beton. 

Dikirim dari ponsel cerdas BlackBerry 10 saya dengan jaringan Indosat.

Barudak Baong

Barudak ayeuna can sabaraha bangor dibandingkeun barudak baheula. Teu baheula-baheula teuing, sebut baé barudak taun 70-80an. Ngan dina palebah telenges mah, moal éléh barudak ayeuna. Jigana – da can ditalungtik – tarelenges téh kusabab kadaharan anu asup kana awak anu mahabu ku rupaning zat kimia.
Ieu seratan lain arék ngaguar naon bédana bangor jeung telenges, keun baé hal éta mah urang teundeun heula sampeureun teuing iraha boa. Naha bener barudak baheula leuwih bangor tibatan barudak ayeuna? Bener, lain ngan ukur bangor ogé bisa disebut baong.
Bangorna produktif – kitu wé sebutna -, hartina bangor anu ngahasilkeun hiji hal dina kahirupan. Conto, dina taun 1993, nalika kuring karék nincak umur 14 taun. Harita bulan puasa, geus jadi kabiasaan, sakola peré sabulan lilana. Anu dipigawé ku barudak harita dina wanci manceran rupa-rupa, anu jelas can usum internét. Pagawéan – lain pagawéan sabenerna – anu dilakukan wanci manceran méméh lohor dina bulan puasa disebut ngabeubeurang. Kecap ng…

Aksara Sunda Keur Pamilon Atikan

Henteu gampang ngatik barudak sangkan bisa nyerat hiji kalimah komo alinéa ku aksara Sunda lamun henteu dimimitian ku ngawanohkeun éta aksara ka pamilon atikan (siswa/barudak). Tapi henteu hésé ogé, sabab lamun ditengetan kalawan maké panalungtikan basajan, jinis jeung karakter aksara Sunda geus deukeut jeung budaya urang salaku jalma anu dumuk di tatar Sunda.

Pangalaman anu karasa ku kuring, ngatik barudak sangkan bisa kana aksara Sunda dimimitian ku ngawawuhkeun heula barudak kana éta aksara. Métode anu nerap ka barudak sangkan wawuh jeung apal cangkem kana éta aksara ku cara ngahubungkeun aksara Sunda jeung jinis aksara séjén utamana aksara Latén. Umpamana, aksara Sunda keur Ka, Ra, jeung Sa, ampir sarua jeung angka 7 dina aksara latén atawa Arab. Kecap KARASA saluyukeun jeung angka 7, ku cara kitu barudak henteu kudu hésé sangkan apal kana aksara ngalagena Ka, Ra, jeung Sa.

Di sagigireun éta, aya hiji métode anu lumrah dilakonan ku para guru ngaji, ngajarkeun aksara Arab sangka…

Tilu Opini Memeh Puasa

Keur umur salapan taun mah mangsa rek datang bulan puasa teh lain bungah pedah rek puasa jeung kabita ku Sasauran Kanjeng Rasul ngeunaan kautamaan Bulan Ramadhan. Eta pedah resep lamun rek nganghareupan bulan puasa teh sok remen ulin ka Cikundul atawa Bangbayang bari botram barakecrakan jeung barudak saentragan. Disebut piknik lain, da puguh ka Cikundul mah deukeut. Ngan teu cara ayeuna, da baheula mah Jalan Ka Cikundul teh can diaspal kawas ayeuna, sok sanajan deukeut oge ari ku leumpang mah teu burung cape. Resepna teh lain pedah ulinna, da puguh ari pangulinan mah sok sanajan kasebut budak cicingeun, rada lampar tur jarambah kuring teh, ieu mah resep teh pedah anu ngadon botram ka Cikundul teh lain hiji dua, tapi ampir kabeh barudak “santri Kalong” milu botram, euyeub pokona mah. Sapanjang jalan, barudak anu kawilang bangor, lamun anu geus gede..gede oge boloho, sok bari eak-eakan. Ger geran sagala.

Bekel anu ku Nini dikana mistingkeun tara alus-alus , malah lamun nenjo kana ukuran…

Kang Warsa - 2014