Langsung ke konten utama

Wangkongan di Balandongan

Peuting tadi, barudak .. tong disebut barudak da geus karumisan, ceuk basa kerénna mah para nonoman Balandongan, ngariung di imah kuring. Lain nanaon, aya maksud utama, nyaéta ; silaturahmi jeung mertélakeun patékadan urang Balandongan. Dua minggu ieu, kuring jeung barudak Balandongan karék ngaréngsékeun lima adegan syuting Film Sunda anu dibéré judul: Wangkongan di Balandongan. Kusabab aya lain hal, kagiatan syuting teu bisa diberedegkeun kitu baé, katambah, sok sanajan naskah film geus réngsé ogé, barudak kudu leuwih bisa ngaéksplorasi watek jeung karakter tokoh anu aya dina éta film.

Kuring sabenerna geus lima malah arék genep taun teu matuh deui di Balandongan, ngan kusabab lemah cai anu sabenerna mah di tempat di mana urang dibralkeun, atuh pantes kuring boga rasa kudu boga kahayang keur ngokolakeun lembur asal. Lain boga anggapan anu séjén mah teu bisaeun, tapi kuring sering méré kamandang ka barudak, hiji lembur kudu bisa mintonkeun hal anu béda jeung henteu dilakukeun ku lembur séjén. Palebah dinya pisan perluna urang lembur ngagali poténsi anu masih kénéh nyumput. Cindekna, kabéh jalma boga widang jeung cara séwang-séwangan dina ngamajukeun lemburna sorangan, boh dina widang seni atawa pangwangunan.

Keur hal anu kahiji, nyaéta seni, mangrupa hal anu kacida penting dipinunjulkeun ku saha baé anu hayang ngokolakeun hiji lembur, komo lamun boga niat ngamumulé budaya sorangan. Sabab, antara seni jeung budaya mangrupa hal anu henteu bisa dileupaskeun atawa dipisahkeun, kawas gula jeung amisna. Keur pasoalan pangwangunan mah, umpamana hiji lembur arék ngawangun gang, jalan, MCK, atawa naon baé anu aya patula-patalina jeung pangwangunan fisik, kabéh ogé geus aya anggaranna, anu matak henteu kudu diimplik-implikkan ku basa anéh anu geus teu loyog dilarapkeun dina mangsa ayeuna: Swadaya atawa Gotong royong. Ngan ari saukur keur kamuflase jeung api-api mah henteu nanaon diomongkeun, tibatan henteu pisan mah, saheunteuna urang Sunda henteu cangcaya teuing lamun anu ngaranna gotong royong téh éstuning pernah aya jeung kaalaman ku para karuhun urang mangsa ka tukang.

Barudak Balandongan sorangan diajak ku kuring sangkan gawé rancagé ku cara daék mintonkeun naon poténsi anu aya dina diri maranéhna. Keur ngagali poténsi barudak, sabenerna, teu ngabutuhkeun duit loba jeung mangyuta-yuta, henteu cara keur ngawangun irigasi atawa gang, tapi kudu bisa ngamanfaatkeun hal anu aya. Umpamana dina nyieun Film Sunda, geus loba barudak anu siap ilubiung jadi ‘pemeran’ dina éta film, naskah geus aya, malahan di jaman téknologi mah anu ngaranna kaméra ogé geus jadi hal anu bisaa. Tinggal urang bisa ngahijjikeun sagala fasilitas anu aya jeung poténsi anu aya, sok sanajan basajan.

Urang Balandongan sorangan sabenerna kudu ngarasa reueus ku nénjo patékadan barudak anu kacida alus malah disebut mahiwal jeung béda jeung lembur-lembur séjén, lain agul da kalolobaanna mah masih mérédih hal anu lumrah jeung kabisaaan. Kuring sok méré kamandang ti taun 1998 nepi ka danget ieu, urang ulah sok agul ku hasil pangwangunan fisik, da sarua dimamana ogé anu ngaranna wujud jeung bentuk gang mah kitu-kitu kénéh, kajaba lamun urang ngawangun hiji hal anu can pernah aya di wewengkon Sukabumi! Sabalikna, urang kudu boga tékad jeung maksud, kudu ngawangun ide-ide cerdas anu can pernah aya di wewengkon mana baé, lamun urang hayang maju. Tapi hal éta perelu waktu anu lila jeung tarékah daria.

Sok sanajan Film Sunda : Wangkongan di Balandongan karék réngsé nepi ka lima adegan, di dinya geus loba hal anu kudu diévaluasi. Kahiji, barudak kudu leuwih daria dina neuleuman karakter tokoh-tokoh anu aya dina éta film. Kadua, nyieun konsép jeung pikiran sangkan film bener-bener bisa loyog jeung setting kahirupan anu aya, barudak kudu boga kayakinan lamun nyieun Film Sunda béda jeung nyieun gang atawa tempat runtah, perlu prosés anu lila jeung kudu neuleuman budaya lokal anu ayeuna geus pada mopohokeun pédah geus kagerus ku budaya deungeun atawa ku sintésis budaya. Katilu, waragad lain hal anu bisa ngahalangan kana patékadan barudak, ti mimiti ngonsép naskah nepi ka ngaréngsékeun lima adegan, éstu ti enol pisan waragad anu disiapkeun.

Keur gambaran, eusi Film Sunda: Wangkongan di Balandongan lain harti Balandongan anu saujratna, nyaéta hiji imah anu boga tempat keur ngawalakeun sagala rupa pasoalan hirup. Sagala rupa ti mimiti hal anu réméh nepi ka anu asak kudu diwangkongkeun. Filosofina mah kadinya, diwangun ku paribasa Sunda: Mipit kudu amit ngala kudu bébéja/ménta. Geus puguh ari nénjo kana harti saujratna mah, Balandongan téh bisa disebut Bala ku Omongan…

Cag ah!

Kang Warsa

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Syarat Izin Operasional Padepokan

PEMERINTAH KOTA SUKABUMI DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN Jl. Pelabuan II Km.5 Telp (0266) 221766 Sukabumi

PERSYARATAN IZIN OPERASIONAL SANGGAR/LINGKUNG SENI/ PADEPOKAN SENI
A.PERSYARATAN
1.Membuat Surat Permohonan Izin Operasional SK/Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan 2.Melengkapi Administrasi a.Photo Copy KTP pemilik/pimpinan organisasi. b.Pas Photo 3x4 (2 lembar). c.Membuat Surat Permohonan Izin Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan. 3.Kelengkapan Database a.Sanggar : -Harus ada murisd yang terdata. -Profil/ Daftar Struktur Organisasi sanggar. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan Buku Induk Peserta kursus sanggar. b.Lingkung Seni : -Profil/ Daftar Struktur Organisasi Lingkung Seni. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan  bukti kegiatan Lingkung Seni. c.Padepokan :

Resume Buku: Kyai dan Perubahan Sosial

Buku karya Hiroko Horikoshi berjudul Kyai dan Perubahan Sosial membahas tentang kyai dan ulama di Perdesaan Jawa Barat, Indonesia. Kyai dan ulama adalah gelar ahli agama Islam. Lokus penelitian dilakukan oleh Horikoshi di Kampung Cipari, Garut. Hal penting yang diinginkan dalam penelitiannya tersebut adalah menjawab sebuah persoalan penting yang sering diperdebatkan selama beberapa tahun tentang peran kyai dalam perubahan sosial. Geertz pernah menyoal antara kyai, santri, dan abangan, namun dalam karya Geertz tersebut masih ada kontradiksi pernyataan, tidak tegas, sering muncul pertentangan satu sama lain. Satu sisi Geertz menyebutkan kyai sebagai pemantik ‘kebebasan berusaha’, namun pada sisi lain ia menyebutkan kyai sebagai pemantik bagi masyarakat dalam pengejaran kehidupan di akhirat nanti, hanya bergumul pada persoalan pahala dan dosa saja.[1]




[1] Zamakhsarie Dhofier. 1982. Tradisi Pesantren: Studi tentang Pandangan Hidup Kyai. Jakarta: LP3ES. Hal 5.

Review Buku: Islam Pascakolonial

Kang Warsa - 2014