Langsung ke konten utama

Rasa Jeung Rumasa

Kuring jeung anu jadi babaturan mindeng ngulampreng ka pilemburan, lain tanpa maksud jeung tujuan, da kabéh kalakuan jelama geus pasti kawengku ku pamaksudan. Jalma geus tuturubun isuk-isuk, lamun di pilemburan mah ka kebon jeung ka sawah, di dayeuh mah ka kantor atawa tempat pagawéan geus pasti boga maksud jeung tujuan. Anu béda téh eusi dina pamaksudanna. Geus puguh lamun nénjo kahirupan jaman ayeuna mah, réa pisan eusi pamaksudan jalma. Nu jelas, asalna mah alus kabéh maksud jeung tujuan, Abah Uman di lembur kuring méré ngaran ka budakna ku ngaran Aas, pamohalan boga maksud goréng dina méré ngaran ku kecap Aas éta. Sarua halna jeung kuring anus ok ngulampreng ka pilemburan, geus pasti boga maksud alus, ngan sok jadi goréng nalika dibéré harti ku jalma, mangrupa réspon meureun tina naon anu dipilampah ku urang.

Tara jauh ngulampreng ka pilemburan téh, paling jauh ogé ulin ka wewengkon pajampangan, éta ogé bisa kawilang jarang atawa langka. Mimindengna mah ngulampreng ka wewengkon Wangunreja baé, anu kahontal ku tumpak motor kana dua puluh menit nepi ka satengan jam-an. Ngarasa aya anu nangtang, malahan lain ti sasaha, tapi aya dina kitab suci sorangan, aya kalimah, Mangka rék kamana manéh indit? Dalil jéntréna mah, faina tadzhabuuna? Lamun diguar kalawan daria mah, meureun ieu dalil téh nitah ku cara introgatif, sangkan tiap jalma boga pamaksudan, nya kadieunakeun mah dihartian ku barudak jaman ayeuna, urang téh kudu sering piknik atawa pelesiran, dihartikeun deui kalawan bébas mah, kudu ngulampreng, lumampah bari boga maksud jeung tujuan.

Henteu loba anu diperedih ku mindeng ngulampreng ka pilemburan lamun lain rék ngabandingkeun budaya, kabiasaan, norma, jeung niléy anu ayeuna diagem ku masyarakat. Ah, ilmiah jeung lalangitan teuing jigana ngaguar éta mah. Basa basajanna mah, survey leuleutikan baé. Nu dibandingkeun arék ku professor atawa jalma kampong ogé pasti pasoalan leuleutikan hela asalna mah. Umpamana, jalma anu dumuk di dayeuh kawengku ku aturan-aturan anu diwangun kumaha sangkan bisa kuat hirup di dayeuh, iklim anu mahabu geus pasti iklim kompetisi, ceuk istilah Darwin mah Survival for the fittest. Kusabab diwengku ku ugeran éta, sikep jeung tindakan ogé pasti dipinuhan ku sagala cara, ti mimiti anu lemes nepi ka kasar. Kadieunakeun mah mindeng pisan dipinuhan ku gétréng nu ngabalukarkeun bralna hawa panas dina diri papada jalma. Matak pantes, lamun cara hirup di kota leuwih némbongkeun hukum pasar, sagala kudu jadi duit.

Di lembur-lembur anu aya di lampingeun gunung mah geus béda. Hawa tiis, jalma teu pati marebutkeun hal anu sarua, cai cur cor, kakompakan dina kahirupan masih mangrupa hal anu nyata. Kahirupan geus tangtu dipinuhan ku katingtriman anu pohara. Iklimna lain kompetitif tapi mangrupa iklim kontemplatif. Jalma leuwih boga rasa jeung rumasa sikep kamanusaan. Dina tutulung ogé lain tutulung siga tukang tipu, siga enya daék babantu jeung tulang-tulung padahal aya maksud séjén di satukangeunna. Lamun urang lembur nawaran dahar, éta téh harti anu saujratna, lain tawar warung. Lamun urang lembur nitah 'sindang' hela ka imahna, éta harti saujratna teu dipinuhan ku basa rékaan. Kahirupan anu jujur, ngajarkeun kumaha jalma sangkan hirup jujur. Eh, lain hartina hirup di dayeun mah dipinuhan ku kabohongan jeung kamuflase, ngan nya kitu, da bener di kieuna, anu dipintonkeun di lembur mah kahirupan anu dipinuhan ku sikep jujur.

Conto: Di lembur Cisemplak kuring pernah ngadéngé hiji kolot ngomong kieu: " Ah, da ku indung bapa ogé, Abah mah diatik sangkan jujur, hirup bener, sanajan hirup sagala basajan ogé tetep baé hate mah ngarasa beunghar!" Tangtu ucapan samodél kitu béda jauh jeung ucapan urang dayeuh. Di dayeuh mah, jalma ti leuleutik geus diatik sangkan henteu jujur, asup ka sakola dasar ogé loba anu diimplik-implikkan ku sugak-sogok (gratifikasi meureun basa ayeuna mah), anu diajarkeun ka barudak sakola ogé lolobana kumaha carana sangkan barudak alus préstasina, nu diperedih pasoalan ahlak jeung laku lampah mah geus pada mopohokeun. Anu dipiharep ku anu jadi kolot ka budak moal jauh ti: kudu jadi tantara, pulisi, dokter, minimal guru. Jarang anu ngomong: " Manéh kudu jadi jalma jujur!"

Ceuk Tonnies, kahirupan di dayeuh samodél kitu alatan mahabuna budaya patembayan, ku sababaraha sosiolog jeung antropolog mah, bralna patembayan ditandaan ku: beuki lobana kelompok-kelompok anu miboga tujuan, grup-grup, jeung lembaga-lembaga anu diwangun kusabab boga tujuan séwang-séwangan. Rék didadasaran ku ideology atawa paham naon baé ogé, cirri budaya patembayan mah pasti modél kitu. Dina kahirupan saperti kitu geus teu pati ditolih deui rasa jeung rumasa kamanusaan, anu ditolih nyaéta kumaha cara sangkan kelompokna gedé jeung jadi anu pangbenerna. Ngaran pangéran digadékeun keur kapentingan golongan ogé henteu jadi soal. Hukum-hukum pangéran anu sifatna universal (sunnatulloh) ogé diheuheureut, ditempatkeun ku hiji pamikiran, kudu sarua jeung urang, lamun béda hartina kafir atawa out-group. Hukum Alloh baé geus wani dibonsaikeun, boga sangka, hukum Alloh téh mangrupa hal anu diserat, lain éta wungkul. Hukum Alloh mah kacida pisan jembar jeung luwes, anu paling luhur tina hukumNa nyaéta, rasa jeung rumasa jadi manusa.

Kusabab hukum Alloh mah sifatna kacida alami, teu anéh lamun kahirupan anu dirojong ku kaayaan alam anu kacida beungharna, bisa nerapkeun hukum jeung aturan Alloh dina kahirupan. Leuweung dipinuhan ku rupa-rupa tutuwuhan jeung sato, mangrupa kaayaan hétérogén jeung kakomplékan, dilarapkeun dina kahirupan ku cara sili asah, asih, jeung asuh. Sanajan béda-béda rupa jeung warna kulit, tetep boga jeung kudu ngeusi kahirupan. "Perbedaan" mangrupa hiji kaniscayaan di ieu alam. Cai anu ngocor jeung ngamalir ti luhur ka handap dilarapkeun dina kahirupan mangrupa hiji kapastian jeung hal anu biasa lumangsung(habitual action ceuk basa dengeun mah), jalma hirup ngamalir jeung nempatkeun diri saluyu jeung naon anu dipikabisa jeung dipikanyaho, tara umaku komo nyebut diri sagala mampu jeung bisa mah, ogé tara ngejat tina pagawéan anu kahontal, lamun urang jalma boda titél guru, nya jadi guru anu bener, teu diimplik-implikkan jadi tukang tipu ka murid.

Geus pasti, kahirupan ideal siga kitu ngan aya dina dongéng atawa carita-carita méméh saré, bisa disebut hiji romantisme jeung impian anu nataku. Da bréhna mah, kahirupan ayeuna leuwih dipinuhan ku sikep anu sabalikna. Untung baé, lamun urang sok ulin ka pilemburan mah sésa-sésa kahirupan modél kitu masih aya. Ngan ulah boga anggapan deuih, lamun kahirupan kitu geus ledis di dayeuh. Tinggal ténjo baé diri urang, masih boga rasa jeung rumasa kamanusaan atawa sabalikna? Béda ageman hirup mah éta hal biasa, nu kudu dipintonkeun jeung diténjo ku urang nyaéta, manusa-na… sok sanajan ceuk ugeran jeung aturan mah jalma ngalakukeun kasalahan, anu kudu diténjo bari dipikaijid mah kasalahanna lain jalma-na. Dina salah sahiji ucapanna, Gandhi ngomong kieu: Hate the sins, but love the sinners.

Kuring lain jalma anu dipinuhan ku pasifatan suci, da paripolah ogé masih jauh kana disebut kitu. Kacida bohong lamun kuring kumawani nyebut jelama pangbenerna salaku kakasih Alloh dina ieu seratan. Susuganan ku cara nulis ieu artikel, jadi cukang lantaran keur kuring diajar jadi jalma bener, tékad ucap jeung lampah anu hade. Ceuk hiji kamandang, moal aya jalma anu sampurna, ngan aya deui kamandang anu séjén , meureun leuwih wijaksana, euweuh jalma anu salah, sok dina enyana salah ogé bisa jadi can apaleun lamun anu dipilampahna téh hiji kasalahan.

Kang Warsa

Sent from my BlackBerry®
powered by Sinyal Kuat INDOSAT







Komentar

Postingan populer dari blog ini

Syarat Izin Operasional Padepokan

PEMERINTAH KOTA SUKABUMI DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN Jl. Pelabuan II Km.5 Telp (0266) 221766 Sukabumi

PERSYARATAN IZIN OPERASIONAL SANGGAR/LINGKUNG SENI/ PADEPOKAN SENI
A.PERSYARATAN
1.Membuat Surat Permohonan Izin Operasional SK/Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan 2.Melengkapi Administrasi a.Photo Copy KTP pemilik/pimpinan organisasi. b.Pas Photo 3x4 (2 lembar). c.Membuat Surat Permohonan Izin Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan. 3.Kelengkapan Database a.Sanggar : -Harus ada murisd yang terdata. -Profil/ Daftar Struktur Organisasi sanggar. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan Buku Induk Peserta kursus sanggar. b.Lingkung Seni : -Profil/ Daftar Struktur Organisasi Lingkung Seni. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan  bukti kegiatan Lingkung Seni. c.Padepokan :

Resume Buku: Kyai dan Perubahan Sosial

Buku karya Hiroko Horikoshi berjudul Kyai dan Perubahan Sosial membahas tentang kyai dan ulama di Perdesaan Jawa Barat, Indonesia. Kyai dan ulama adalah gelar ahli agama Islam. Lokus penelitian dilakukan oleh Horikoshi di Kampung Cipari, Garut. Hal penting yang diinginkan dalam penelitiannya tersebut adalah menjawab sebuah persoalan penting yang sering diperdebatkan selama beberapa tahun tentang peran kyai dalam perubahan sosial. Geertz pernah menyoal antara kyai, santri, dan abangan, namun dalam karya Geertz tersebut masih ada kontradiksi pernyataan, tidak tegas, sering muncul pertentangan satu sama lain. Satu sisi Geertz menyebutkan kyai sebagai pemantik ‘kebebasan berusaha’, namun pada sisi lain ia menyebutkan kyai sebagai pemantik bagi masyarakat dalam pengejaran kehidupan di akhirat nanti, hanya bergumul pada persoalan pahala dan dosa saja.[1]




[1] Zamakhsarie Dhofier. 1982. Tradisi Pesantren: Studi tentang Pandangan Hidup Kyai. Jakarta: LP3ES. Hal 5.

Review Buku: Islam Pascakolonial

Kang Warsa - 2014