Langsung ke konten utama

Ta'ashub

Dina salah sahiji kamandang sosiologi, Ibu Khaldun ngaguar sumanget Ashobiyyah jalma-jalma anu di pilemburan jadi hiji faktor anu mangaruhan kuatna tékad jalma-jalma anu hirup dumukna di pilemburan keur mintonkeun sarta nguatkeun tékad lamun kampung sorangan leuwih pinunjul tibatan kampung séjén. Kamandang ieu tangtu lain dibetuskeun ku Ibnu Khaldun kalawan sakadaék, tapi ngaliwatan hiji panalungtikan anu jero. Sumanget Ashobiyyah ieu geus jadi panékér anu ngaduruk séké-sélér bangsa Arab pasisian nanjeurkeun kahormatan jeung kamulyaan kucara ngalakukeun ékspansi ka séké-sélér bangsa anu aya di sakuliah jazirah Arab. Méméh diutusna Rasulullah mah, perang antara séké-sélér jeung sumanget tribalisme jadi ciri utama bangsa Arab. Hal ieu, pangaruhna lumangsung tug nepi ka danget ayeuna.

Ashobiyyah lain dipimilik ku séké-sélér bangsa Arab wungkul, séké-sélér Semit séjén, nyaéta Bangsa Yahudi ngalarapkeun niléy-niléy ékstrem Ashobiyyah kana inti ajaran maranéhna. Dalil-dalil dina Torét jeung Talmud dijadikeun tatapakan keur munjulkeun bangsa sorangan ti batan bangsa séjén. Bangsa sorangan mangrupa dunungan sedengkeun bangsa lian diciptakeun ku Yahweh, Elohim, jeung Jahbulon keur jadi jongos anu hirupna aya dina tungtung curuk bangsa Yahudi. Kamandang ieu geus jadi rusiah umum, téori Evolusi Darwin ogé teu lepas tina kumaha kuatna kayakinan heureut ieu mangaruhan kana pola pikir kaum Darwinis dina ngabagi jalma kana kelas-kelas sosial kusabab ditangtukeun ku warna kulit. Saolah-olah, dunya ngan dieusi ku dua golongan jalma, dunungan anu bisa sangeunahna nitah ka jongos anu salilana dijadikeun elap atawa kékéséd kahirupan. Ieu mangrupa hiji kasalahan jalma dina nafsirkeun jeung méré harti kana ayat-ayat Pangéran.

Padahal ayat-ayat Pangéran, lamun dihartikeun kalawan bener, salah sahijina ku cara maca sajarah kahirupan jalma moal nepi ka ngalahirkeun kamandang anu salah ngeunaan naon sabenerna anu disebut séké-sélér atawa suku bangsa téh. Cai pati ajaran ti Pangéran geus méré peupeujeuh, hubungan antara Adam anu kulitna bodas jeung Hawa anu asalna ti daérah sub-sahara. Kumaha carana Nabi Adam dina ngawinkeun anak-anakna. Naon anu diucapkeun ku Nabi Ibrohim nalika nyebutkeun ‘ béré kaberkahan ka anak turunan kuring’. Hiji hal anu sifatna global jeung umum, teu méré paneges anu heureut lamun ‘turunan’ téh kudu dihartikeun hiji séké-sélér atawa suku bangsa . Nabi Musa nyalametkeun kaum Yahudi tina kabengisan bangsa Mesir geus jadi conto anu ngaranna kazaliman ku cara nindes bangsa séjén kudu dilawan. Nabi Isa salah sahiji nabi ti Bangsa Aramia ngatik ka murid-muridna anu lolobana kaum Yahudi. Malah Rasulullah geus nanjeurkeun ajaran hiji kohési sosial anu lain diakibatkeun ku kuatna karuhun jeung saha indung-bapana hiji jalma tapi ku kayakinan anu sarua dina nanjeurkeun bebeneran.

Ayat-ayat Pangéran geus jauh dipengparkeun ku bangsa-bangsa Arab dina mangsa kapamimpinan Khulafaur-Raasyidin. Lain kusabab lemahna kapamingpinan Abu Bakar, Umar, Utsman, jeung Ali, tapi kulantaran kuatna sikep ta’ashub suku bangsa Arab harita dina mintonkeun deui sumanget Ashobiyyah Jahiliyyah anu méré lolongkrang pamikiran, arék bener atawa salah anu penting dilakukeun keur ngamajukeun bangsa sorangan, lain niléy-niléy kamanusaan jeung saripati tina ajaranna anu diébréhkeun. Tribalisme mahabu, ajaran anu sakuduna lain disebarkeun ku pedang jeung perang jadi disebarkeun ku cara nyingsieunan bangsa séjén ku tungtung pedang kalawan didadasaran ku nafsirkeun ayat-ayat pangéran anu kurang loyog. Sahabat-sahabat Rasulullah, anu disebut Assaabiquunal Awwaluun loba anu gumecrot nalika nénjo ummat labuh deui kana jurang Ashobiyyah Jahiliyyah.

Ajaran pangéran anu sakuduna mangrupa kembang jeung seuseungitan kusabab dilarapkeun kalawan salah jadi mangrupa seuneu anu ngahuru naon baé. Jalma-jalma anu teu sakomplotan dianggap geus kaluar tina tetekon tuluy disebut Kuffar, ajaran jeung paham lian anu teu sapagodos jeung paham hiji kelompok disebut Thagut, padahal Quran nuduh Thagut téh ka komplotan atawa hiji pamingpin anu méngpar jauh tina akidah jeung kayakinan ngeunaan bebeneran. Kayakinan anu sakuduna nanjeurkeun peradaban jadi leuwih némbongkeun kabiadaban kusabab méré harti anu kurang jero kana dalil-dalil. Lain saukur dilakonan ku sempalan-sempalan tina Agama Islam wungkul, ogé dilakukeun ku komplotan-komplotan Agama séjén. Lain kabiadaban dina sikep wungkul ogé kabiadaban dina ide jeung pamikiran. Siga hiji bangsa anu nganggap lamun bangsa maranéhna leuwih pinunjul ti bangsa séjénna, henteu paduli arék bener atawa salah. “Right or wrong is my country”, rék bener atawa salah, ieu mah nagara kuring. “L’etat cest moi!” Ceuk Louis VI mah. Tungtungna totalitarianisme ngébréhkeun sikep “ The King can do no wrong..” sedengkeun démokrasi ngagorowokkeun, “ Vox Populi, Vox Dei..” sanajan aya dina galur anu lain samistina. [ ]

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Syarat Izin Operasional Padepokan

PEMERINTAH KOTA SUKABUMI DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN Jl. Pelabuan II Km.5 Telp (0266) 221766 Sukabumi

PERSYARATAN IZIN OPERASIONAL SANGGAR/LINGKUNG SENI/ PADEPOKAN SENI
A.PERSYARATAN
1.Membuat Surat Permohonan Izin Operasional SK/Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan 2.Melengkapi Administrasi a.Photo Copy KTP pemilik/pimpinan organisasi. b.Pas Photo 3x4 (2 lembar). c.Membuat Surat Permohonan Izin Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan. 3.Kelengkapan Database a.Sanggar : -Harus ada murisd yang terdata. -Profil/ Daftar Struktur Organisasi sanggar. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan Buku Induk Peserta kursus sanggar. b.Lingkung Seni : -Profil/ Daftar Struktur Organisasi Lingkung Seni. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan  bukti kegiatan Lingkung Seni. c.Padepokan :

Review Buku: Islam Pascakolonial

Resume Buku: Kyai dan Perubahan Sosial

Buku karya Hiroko Horikoshi berjudul Kyai dan Perubahan Sosial membahas tentang kyai dan ulama di Perdesaan Jawa Barat, Indonesia. Kyai dan ulama adalah gelar ahli agama Islam. Lokus penelitian dilakukan oleh Horikoshi di Kampung Cipari, Garut. Hal penting yang diinginkan dalam penelitiannya tersebut adalah menjawab sebuah persoalan penting yang sering diperdebatkan selama beberapa tahun tentang peran kyai dalam perubahan sosial. Geertz pernah menyoal antara kyai, santri, dan abangan, namun dalam karya Geertz tersebut masih ada kontradiksi pernyataan, tidak tegas, sering muncul pertentangan satu sama lain. Satu sisi Geertz menyebutkan kyai sebagai pemantik ‘kebebasan berusaha’, namun pada sisi lain ia menyebutkan kyai sebagai pemantik bagi masyarakat dalam pengejaran kehidupan di akhirat nanti, hanya bergumul pada persoalan pahala dan dosa saja.[1]




[1] Zamakhsarie Dhofier. 1982. Tradisi Pesantren: Studi tentang Pandangan Hidup Kyai. Jakarta: LP3ES. Hal 5.

Kang Warsa - 2014