Langsung ke konten utama

Kartini Lain Saukur Kabaya

Aya salah sahiji kamandang, buku Kartini anu dibéré judul : Habis Gelap Terbitlah Terang téh diadopsi tina salah sahiji ayat Quran anu kecapna kieu: Minadz-dzulumaati ilaa an-nuur , anu asalna poék mongkléng pindah kana cahaya anu mabra. Sakaol deui ngomongkeun lamun kecap Habis Gelap Terbitlah Terang téh gedé dipangaruhan ku pamikiran kaum téosofi jeung iluminati Éropah pasca abad ka 18 anu disebut éra pencerahan anu diistilahkeun Aukflarung.

Penting, dua kamandang jeung pamikiran ieu diudar kalawan jero sangkan kaluar hiji hal anu disebut obyéktif dina mandang hiji perkara. Lain saukur ngudar alesan jeung naon anu jadi cukang lantaran Kartini nulis jeung medalkeun hiji buku. Buku Habis Gelap Terbitlah Terang mangrupa kumpulan surat-surat Kartini jeung babaturanna anu aya di Walanda, salah sahijini J.H Abendanon. Féodalisme jeung keratonisme di nagara jajahan, Hindia Belanda, geus teu kudu dicaturkeun deui, malah ceuk Kartini ngunggelkeun dina salah sahiji suratna : Teu saeutik, kusabab patriarki, kaum lalaki ngalakonan kajahatan ku nyebut aturan ti Pangéran jeung mangrupa syaré’at. Padahal agama dibralkeun téh keur ngamulyakeun antara lalaki jeung awéwé.

Iklim féodal jeung karaton, teu jauh béda jeung konsép tribalisme. Kohési sosial antara hiji jalma jeung anu séjénna ditangtukeun ku garis turunan, patriarki, kurang ngamulyakeun kamotékaran awéwé. Sabab, féodalisme jeung tribalisme méré lolongkrang anu lega ka sakumna jalma utamana jalma anu boga teureuh ménak keur merangan bangsa séjén, keur ngalegakeun kakawasaan ogé daérah jajahanna. Nu dibutuhkeun dina dua faham éta nyaéta tanaga anu rongkah ti kaum Adam. Teu heran, dina mangsa méméh diutusna Rasulullah di Arab, mangrupa hiji aib lamun aya awéwé anu ngalahirkeun orok awéwé, bakating ku éra paradah ku lingkungan, orok anu masih beureum téh langsung diruang koropés.

Geus pasti, ieu mangrupa hiji jalan anu salah, konsép anu mopoék diri, konsép anu disumebarkeun ku golongan maskulinitas. Dina basa sajarah Islam mah ieu disebut Jaman Jahiliyyah. Mangsa niléy hiji jalma lain diukur ku étika jeung pangaweruh, tapi diukur ku dimana éta jalma dikaluarkeunna?

Rasulullah diutus ka masyarakat Arab Jahiliyyah teu jauh béda jeung diutusna Rasul-Rasul séjén, tugas utamana nyaéta: ngajak masyarakat Arab sangkan ngawujudkeun hiji masyarakat anu miboga akhlak hadé. Megatkeun tali anu salila ieu nalikung masyarakat ku hal-hal takhayul. Ajakan Rasulullah sifatna teu massive tapi malapah gedang ngaliwatan marhalah-marhalah da’wah, tahap, fase, jeung prosés. Salila 23 taun, sumanget ieu geus bisa mawa masyarakat Arab jahiliyyah kana cahaya kahadéan. Tribalisme diarahkeun kana hal anu samistina, féodalisme diudar, sakumaha Rasulullah pernah ngandika: Laysa minnaa man maata ilaa ashabiyyatin, lain bagéan ti Kami, lamun aya jalma anu maot alatan faham tribalisme!

Nu paling utama dina usaha profétik Rasulullah nyaéta, ngudar anggapan anu salah ngeunaan awéwé. Rasulullah méré harti anu saujratna: lalaki anu alus amalna disebut jalma hadé, awéwé anu alus amarna ogé disebut jalma hadé. Konsép kasaimbangan jeung kaadilan dina méré predikat ka jalma téh ditangtukeun ku amal jeung kalakuan hiji jalma. Ayana ayat-ayat malah sababaraha Surat dina Quran saperti Annisa jeung Maryam méré tanda kumaha carana jalma kudu ngamulyakeun awéwé. Émansipasi anu bener téh lain saukur nyaruakeun profési wungkul, atawa awéwé kudu nyitaranjangan diri ka publik, tapi ngeusi kahirupan ku niléy-niléy anu hadé.

Nalika dunya Islam geus miboga Ummahatul Mu’minin, tokoh-tokoh sufi saperti Rabi’ah Al Adawiyyah, masyarakat anu aya di wewengkon Éropah, nepi ka abad ka 17 masih kénéh ngawacanakeun awéwé arék diasupkeun kana stratifkasi sosial mana? Awéwé teu dianggap salaku subyék hirup tapi obyék barang anu dina kahirupan téh ngan saukur dijieun salaku komplémén kahirupan. Cukang lantaranna nyaéta, salahna agama diterapkeun jeung dilarapkeun ku para tokoh agama harita. Konsép monisme dina agama méré tanda kudu dipisahkeunna antara kaum Adam jeung Hawa, ieu ngalantarankeun awéwé kudu diisolasi dina kahirupan, teu dibéré rohangan kamerdékaan ngébréhkeun kamotékaran hirupna. Dina ayana ogé, di jaman Dark Ages, awéwé ngan saukur bisa minuhan tempat-tempat kariaan kaum bangsawan.

Dina 1 Mei 1776, Adam Weishaupt ngadegkeun hiji wadah, Illuminati, méré béja lamun kahirupan dikandali ku agama anu dilembagakeun mawa masyarakat kana poékna hirup. Kamandang illuminati ieu merangan agama, jalma kudu nyieun pangéran anyar, Pangéran anu bisa mawa kahirupan kana cahaya, nyaéta Akal jeung pikiran. Sifatna massive, kamandang illuminati dirojong ku para saintis séjén anu ngarasa dirugikeun nalika kakuasaan Paus ngandali kahirupan, dipaténina tokoh-tokoh sains ku Gereja jadi hiji panékér nu gampang disundut. Kaum rasionalis aya disatukangeun kalangkang kelompok illuminati keur ngagulingkeun kakawasaan garéja.

Geus tangtu béda, antara gerakan Rasulullah 15 abad ka tukang jeung gerakan kelompok illuminati 3 abad ka tukang. Rasulullah ngayakeun gerakan sangkan masyarakat balik deui kana fitrah kahirupan, silih ajénan jeung mikahormat antara lalaki jeung awéwé, cara anu ditempuhna ngalempengkeun konsép anu salah lain motongkeun éta konsép. Sedengkeun illuminati ngawujudkeun hiji tetekon anyar, rarancang kahirupan anu merangan konsép agama anu dibéngkokkeun ku para tokoh agama-pragmatis, ngabralkeun pangéran anyar anu patukang-tonggong jeung kahirupan masyarakat Éropah harita.

Nu ngajadikeun konsép “Pencerahan” kelompok illuminati dikenal ku masyarakat lain nanaon, tapi dirojong ku jalma-jalma anu miboga prédikat bangsawan jeung usahawan, saperti Kulawarga Roctchild. Intina, arék ngadegkeun kakawasaan tunggal anu dikandali ku kelompok illuminati, dunya kudu diawas ku hiji panon, Novus Ordo Seclorum, hiji kakawasaan anu misahkeun kahirupan. Hakékatna sarua, lamun méméh abad ka 18 Éropah dikandali ku kakawasaan agama anu kurang bener dilarapkeun kana kahirupan, dina sanggeus abad ka 18 mah Éropah dikandali ku kakawasaan anu ngébréhkeun kamerdékaan akal bari nonjok agama.

Kartini meuang béja di J.H Abendanon, lamun kahirupan wanoja-wanoja di Éropah ngébréhkeun kamerdekaan, awéwé bisa diajar, bisa ngalakonan tugas-tugas anu biasa dilakonan ku kaum Adam. Sedengkeun Kartini ngébréhkeun, lamun wanoja di Hindia Belanda harita masih katalikung ku féodalisme, siklus kahirupan wanoja ngan aya di sumur dapur jeung kasur. Sabenerna, dua kaayaan ieu kudu ditalungtik deui kalawan soson-soson tur daria. Walanda, dina magsa pasca Rénnaisance masih mangrupa nagara Monarki , hiji sistem pamaréntahan anu dipika ijid ku kelompok illuminati. Antara eusi surat J.H Abendanon ka Kartini jeung kanyataan hirup di Walanda harita kudu ditalungtik deui. Naha, surat-surat J.H Abendanon ka Kartini téh mangrupa konsép atawa mémang bener diserat kusabab kanyataan émpirisna kitu?

Leupas tina hal éta, anu jelas jalma di jaman mana baé ogé teu resep ditalikung ku ajaran anu salah, ajaran anu merangan ,henteu sapagodos jeung fitrah kahirupan jalma. Émansipasi anu dilarapkeun ku Kartini dina Buku Habis Gelap Terbitlah Terang, lain saukur nempatkeun awéwé kudu boga kamotékaran jeung jadi subyék dina kahirupan, ogé kudu miboga akhlak anu mulia kumaha carana mihormat ka pasangan hirupna.

Ceuk Rohana Kudus mah, Émansipasi lain saukur ngaluarkeun wanoja jeung kaum istri dina katalikungan ku konsép-konsép anu méré kamandang salah ngeunaan awéwé, ogé lain arék ngadu rengéskeun antara awéwé jeung lalaki. Awéwé tetep baé awéwé, boga fitrah anu kudu dimulyakeun, fitrah anu jadi rarancang kahirupan awéwé nyaéta sikep lemes jeung ngaping ngajaring. [ ]

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Syarat Izin Operasional Padepokan

PEMERINTAH KOTA SUKABUMI DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN Jl. Pelabuan II Km.5 Telp (0266) 221766 Sukabumi

PERSYARATAN IZIN OPERASIONAL SANGGAR/LINGKUNG SENI/ PADEPOKAN SENI
A.PERSYARATAN
1.Membuat Surat Permohonan Izin Operasional SK/Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan 2.Melengkapi Administrasi a.Photo Copy KTP pemilik/pimpinan organisasi. b.Pas Photo 3x4 (2 lembar). c.Membuat Surat Permohonan Izin Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan. 3.Kelengkapan Database a.Sanggar : -Harus ada murisd yang terdata. -Profil/ Daftar Struktur Organisasi sanggar. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan Buku Induk Peserta kursus sanggar. b.Lingkung Seni : -Profil/ Daftar Struktur Organisasi Lingkung Seni. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan  bukti kegiatan Lingkung Seni. c.Padepokan :

Review Buku: Islam Pascakolonial

Resume Buku: Kyai dan Perubahan Sosial

Buku karya Hiroko Horikoshi berjudul Kyai dan Perubahan Sosial membahas tentang kyai dan ulama di Perdesaan Jawa Barat, Indonesia. Kyai dan ulama adalah gelar ahli agama Islam. Lokus penelitian dilakukan oleh Horikoshi di Kampung Cipari, Garut. Hal penting yang diinginkan dalam penelitiannya tersebut adalah menjawab sebuah persoalan penting yang sering diperdebatkan selama beberapa tahun tentang peran kyai dalam perubahan sosial. Geertz pernah menyoal antara kyai, santri, dan abangan, namun dalam karya Geertz tersebut masih ada kontradiksi pernyataan, tidak tegas, sering muncul pertentangan satu sama lain. Satu sisi Geertz menyebutkan kyai sebagai pemantik ‘kebebasan berusaha’, namun pada sisi lain ia menyebutkan kyai sebagai pemantik bagi masyarakat dalam pengejaran kehidupan di akhirat nanti, hanya bergumul pada persoalan pahala dan dosa saja.[1]




[1] Zamakhsarie Dhofier. 1982. Tradisi Pesantren: Studi tentang Pandangan Hidup Kyai. Jakarta: LP3ES. Hal 5.

Kang Warsa - 2014