Langsung ke konten utama

Buku Pakét SDN Cikembung



Bapa Udin Karnudin salaku Kapala Sakola SDN Cikembung ngarasa reugreug. Teu reugreug kumaha? Wangunan Sakola anyar, murid anyar aya kana genep puluh urangna, korsi anu geus reyod téa dipindahkeun ka gudang sakola da geus aya sofa anyar, paméré Mang Ocim. Katambah tina pendaftaran Siswa anyar meunang bati genep puluh rébu pérak, da tina sa-siswa téh batian saratus pérak, éta duit dibeulikeun kana roko Dji Sam Soe sabugkus séwang keur guru lalaki, Baso Mas Darminto samangkok séwang keur guru awéwé. Poé éta mah kabéh ogé balakécrakan jeung suka bungah.

Pa Udin béar marahmay, bari ngelepus udud manéhna diuk semu nikmat dina sofa paméré Mang Ocim. Leungeun nanggeuy gado bari mencrong ka para guru anu sarua keur suka bungah. Diuk dina korsi téh teu kudu sili séréd deui ayeuna mah, teu kadéngé deui sora rerékétan, teu pagelek-gelek kawas ngantri lamun rék narima gajihan di BRI atawa Bank Jabar Banten. Malah Guru Atang mah bisa tumpang kaki sagala. Korsi panjang anu réyod mah keur hiji-hijina jeung geus aya ti taun 80-an téh ngan bisa didiukan ku tilu urang, éta ogé bari sili séréd, sedengkeun sofa anyar paméré Mang Ocim, bisa didiukan ku séwang-séwangan, sofa anu panjangna bisa dieusi ku opat urang, anu sok dariuk dina éta sofa biasana; Pa Udin, Guru Adang, Guru Mumuh. Tilu sofa anu leutik biasa didiukan ku Guru Tati, Guru Atang, jeung Guru Ebah. Pa Udin Karnudin ogé geus jarang diuk dina korsina sorangan ayeuna mah, da diuk dina korsi kapala sakola mah ceunah asa kurang ramé, sosoranganan.

“ Abdi gaduh usul…!” Guru Atang ngamimitian nyarita.

Da biasana ogé pasti manéhna anu ngamimitian cumarita mah. Lain saukur bawél, ongkoh deui resep kana diskusi jeung debat manéhna mah. Taun kamari mah apan ramé durder di Balédésa jeung Kuwu Atif, teu pira ngan marébutkeun saha anu wajib nanda tangan tiheula tina surat pengantar, naha Kuwu atawa Ulis heula? Ari Kuwu keukeuh kana pamadeganna, Kudu Kuwu heula, da Kuwu salaku pimpinan di Désa. Ari ceuk Guru Atang, kudu Ulis heula, da aturan baku pengadministrasian mah kitu. Pacéntal-céntal da pada embung éléh aya kana satengah jamna lamun teu kaburu dipisah ku Ulis Dadang mah. Bari nenggeul méja ulis Dadang ngomong, anu pangheulana kudu nanda tangan mah saha heula wé, rék Ulis heula hég, rék Kuwu Heula hég, éta mah kumaha kaihklasan urang!! Ngan édas, bati tina paloba-loba omong téh, teu patanyana ogé kana lima poéna.

“ Sok aya naon, Guru Atang..!” Pa Udin dumareda, mencrong ka Guru Atang. Sirahna anu lénang kacaangan ku cahya anu norobos abus kana jandéla, asa beuki leucir. Ku barudak mah sok disebutan Dinbo. Geus puguh gé lénang, ari karesep maén catur. Balik ti sakola téh tara langsung ka dapur , terus dahar. Pa Udin mah langsung nyokot papan catur, terus ka téras Imah, bari gogorowokan nyalukan si Apih, lawan tandingna. Bisa nepi ka wanci tunggang gunung maranéhna papuket ngadu kuda, poho waktu, nyaho-nyaho geus kadéngé bedug di masigit wé.

“ Kumaha upami tawisan ti agén buku pakét sareng LKS téh urang tampi baé, Pa.” Guru Atang ngusap gado, ceuk pikirna idena pasti ditarima ku Pa Udin jeung guru séjénna. “ Aya untungna, upami urang tiasa ngical kana dua ratus buku Pakét sareng dua ratus LKS, pihak agén baris ngahadiahan lima komputer Pentium tilu…” Ceuk Guru Atang. “ Komputer Para Bapa, para Ibu… ulah ngagunakeun baé itu tuh , mesin ketik manual anu geus hareuras kitu..” Pokna bari nunjuk mesin ketik anu ngajogrog luhureun méja Pa Udin Karnudin.

Pa Udin kerung. Haseup roko kaluar lalaunan tina liang irungna, siga haseup karéta api, mulek.

“ Kudu dipikir heula balukarna, lain ngan ukur sakola anu diuntungkeun…” Ceuk Pa Udin, baheuhay manéhna diuk semu ni’mat bari tumpang kaki.

“ Atuh kantenan baé pa. pihak sakola untung da kéngéng komputer, para murid ogé untung da kéngéng buku pakét sareng LKS. Ku ayana buku Pakét abdi yakin, barudak bakal langkung soson-soson kana diajar, pangarti gancang nerap, da bukuna tos distandarkeun sareng standar nasional. Cobi tinggal, buku-buku anu ku SDN Cikembung ieu dianggo, masih buku-buku taun 80-an, teu loyog sareng kurikulum anyar, malah abdi nyalira masih kénéh ngajarkeun PMP ka barudak, apan ayeuna mah tos gentos janten PPKN… Bu Ebah, masih kénéh ngagunakeun buku Piwulang Basa taun 80-an, mani tos kuceul, da sering ditambut ku barudak, resep ceunah maos carios dongéng sakadang kuya jeung monyét, keur hiji-hijina téh éta buku. Apan Bu Ebah mah kantos nya lieur alatan éta buku kantos teu aya, sing horéng disumputkeun ku si Udén, murangkalih kelas 4. Kitu nya, Bu?” Poknananya ka Guru Ebah.

Guru Ebah ngan bisa unggeuk.

“ Sabaraha tah harga buku jeung LKS téh hijina, Pa Atang?” Tanya Pa Udin.

“ Rupi-rupi atuh, Pa. sapertos ieu, Buku Pakét IPA pangaos ti agénna 30 rébu, tah saur agén téh éta hargi masih tiasa digoyang ku sakola, misalna, sakola tiasa ngahargakeun 35 rébu, panginten aya batian 5 rébu tina sabuku. Ari cara nawurna mah tiasa dicicil.” Guru Atang ngajelaskeun, “ Panginten engkin mah roko téh moal kapasihan sabungkus séwang, baso moal samangkok séwang, baris aya artos pangdeudeuhna… Da abdi mah teu munafék, kamari ogé nyakolakeun si Jalu ka SMA nepika udulan kana dua juta satengah atuh… Jaba Buku téh di sakola luhur mah kedah langsung ditawur deui…!”

“ Kumaha lamun macét? Sakola ngajual buku, kabéh budak nyarokot buku, da bisa dicicil téa mayarna, terus loba anu macét teu bisa mayar. Apal meureun, urang Cikembung téa kana kakompakanna mah lain omongkeuneun, lamun macét hiji sok pabéja-béja, antukna macét kabéh… sakola meureun anu katempuhan?” Pa Udin ngabaheuhay deui, siga anu tas meunang tina médan joang.

“ Atuh aturanna kedah jelas, sing saha anu teu lunas atawa macét, wayahna teu tiasa ngiring ulangan seméster…!”

“ Tah..tah.. tah… Kumaha lamun anu macét téh hég kompak kabéh teu sarakola, teu marilu ulangan da kabéh can lunas téa mayar bukuna, kumaha tah, Bapa Atang?” Baheuhay deui Pa Udin diuk mingkin gumbira katénjona téh.

“ Nya, da abdi mah mung saukur usul, badé ditampi atanapi henteuna mah teu langkung Bapa, da Bapa anu janten Kepala Sakolana, mung upami Abdi anu Janten Kapala Sakolana, moal dianteupkeun , ieu téh kasempétan emas, tong dianteup kitu baé… usul ieu mah Pa, mung Usul…!” Guru Atang ngabalieus.

“ Teu kudu pundung atuh, Pa Atang.” Ceuk Pa Udin, “ Kieu baé, para bapa sareng ibu Guru, énjing urang rapat baé, Ketua BP3, Kolot Murid ,sareng pihak sakola urang rembug, urang bahas ngeunaan buku pakét sareng LKS téa, kumaha satuju?”

“ Satuju…”

“ Sanes BP3, da ayeuna mah namina ogé Komite Sekolah, Pa!” Ceuk Guru Mumuh.

“ Aéh , baruk geus ganti , ti iraha éta téh, Pa Mumuh?” Tanya Pa Udin, “ ari rarasaan téh da urang mah masih kénéh siga baheula wé sakola téh.. hahaha..”

Anu lain silih pelong.

“ Lain, ari élég kapala sakola mani teu pikaseurieun nya, Pa!” Haréwos guru Atang ka Guru Mumuh.

###

Isukna. Sakola peré, da Jam 8.00 baris aya rapat, Komite Sekolah, Pihak Sekolah, Jeung Kolot-kolot murid. Ketua Komite Sekolah SDN Cikembung nyaéta Abah Ukok, can kolot-kolot teuing, disebut abah téh pédah pada mikolot. Lain dipikolot wungkul , ogé dipikasieun, da manéhna mah ceuk béja, baheulana urut jéger, ngan ayeuna mah geus insyaf, geus babalik pikir, ngan angger wé ari kana rumpad-rampid daun cau batur mah masih dilakonan. Kumis ngajepat hideung, rék teu sieun kumaha jalma-jalma, geulang bahar meulit kana pigeulang leungeun sagedé jempol suku orok, kamamana tara elat diiket hideung. Bulan kamari ogé ngadeuheus ka bapa Bupati manéhna mah diiket, alesanna keur némbongkeun kasundaan ka balaréa ceunah. Manéhna geus diuk di hareup. Sajajar jeung Pa Udin miwah Guru Atang.

Kolot-kolot murid geus mimiti jul-jol. Ngeusi absén. Gék dariuk, bari ngobrolkeun tatanén. Ku usum halodo mah ceunah, hasil panén usum ayeuna asa pamohalan bisa alus. Cai béak, bélaan tengah peuting asruk-asrukan turun ka susukan garing. Anyar kénéh, kamari, Mang Acip jeung Kang Utom paséa marébutkeun cai. Rohangan kelas téh gandéng ku padungdengan anu ngawarangkong.

Kurang kana tilu puluh menit, kabéh kolot murid geus minuhan rohangan. Pa Udin nangtung. Rohangan dadak sakala jempling.

“ Assalamualaikum.. ngahaja sakola ngulem para bapa sareng pihak Komite. Numawi aya badantenkeuneun, perkawis hiji hal anu aya patula-patalina sareng kamajengan ieu sakola. Teu hilap atuh, pihak sakola anu diwakilan ku sim kuring ngahaturkeun nuhun ka para bapa ogé ibu anu parantos tiasa sumping ka ieu sakola. Kieu para bapa, Sakola téh badé ngical Buku Pakét sareng LKS, da panginten urang téh kudu nyaluyukeun diri sareng kaayaan ayeuna. Ku ayana buku pakét sareng LKS ieu, insya allah, pangajaran anu dipasihkeun ka barudak téh bakal langkung efektif. Atuh nawurna mah éta tiasa dicicil genep sasiheun, mung sateuacan ulangan seméster kedah parantos lulus. Tah pangaosna sadayanan buku sa pakét, tos sareng LKSna téh kana 300rébuan. Kumaha?” Ceuk Pa Udin, gek manéhna diuk deui, hah héh hoh capé.

“ Kieu wé…” Abah Ukok nangtung lalaunan, siga anu paur. “ Teu samata-mata sakola ngayakeun buku jeung LKS lamun lain keur kaalusan mah, kitu nya…. ? Tah, harga 300rébu mah teu sabaraha lamun dibandingkeun jeung urang meuli pulsa, Kitu nya?.. jadi, salaku kolot murid, asa goréng kasebutna lamun urang teu nyatujuan anu ku sakola diomongkeun, kitu nya?… kuring mah salaku Ketua Komite Sekola, kacida nyatujuan pisan lamun ha lieu bener-bener diayakeun, kitu nya?”

“ Kumaha anu sanés, bilih gaduh emutan séjén?” Pok Guru Atang.

“ Punten Pa Udin..” Pok hiji Jalma nangtung di Beulah tukang ayana. “ Sim Kuring wali murid ti anu wastana Herman, badé ngadugikeun hiji émutan. Mudah-mudahan katampi ku sadayana kalayan kabihangan. Abdi ti tadi ngupingkeun, kumaha sasauran Bapa Udin salaku kapala Sakola SDN Cikembung, ogé kuama dariana sasauran ti Ketua Komite Sekolah. Mung aya anu kirang ngartos ieu téh, naha pangaos buku téh awis-awis teuing? Teras naha sakola ayeuna maké ngical buku? Naha upami ngagaleuh buku ka Toko anu saneés badé diwidian? Kedahna sakola téh teu kenging ngabijilkeun keputusan anu sapihak, bari ngarugikeun pihak séjén, nguntungkeun pihak anu séjén, sagalana kedah dirapatkeun, kedah dibahas sasarengan! Sakitu ti Abdi, Wassalam!!”

Kabéh anu aya di éta rohangan mencrong.

“ Har, ari bapa, apan ieu ogé nuju dirapatkeun. Ah teu aya anu diuntungkeun teu aya anu dirugikeun, da teu acan jelas atuh kumaha hasil ieu rapat. Atuh perkawis buku pakét mah dimana baé ogé mangga téh teuing mésérna. Asal sami wé, ulah dugika kelas 3 mésér buku SMP, apan teu jejeg éta téh namina…” Pok Pa Udin ngajelaskeun.

“ Kieu atuh..” Ceuk Salah saurang bari nangtung. Aya di jajaran tengah. “ Abdi Kang Uus gaduh usul, kumaha upami sakola téh ngayakeun persiapan keur ngabagyakeun datangna sasih Romadhon. Margi éta pisan kabiasaan anu sok dilakonan ku karuhun urang…Punten, upami usul sareng émutan ieu kirang cocok kana manah, nyuhunkeun dihampunten.. Nuhun!” Pokna gék diuk deui, jiga anu teu boga salah. Lempeng wééé.

“ Eummmm!” Lolobana ngomong kitu bari mencrong ka éta jalma.

“ Nya ari perkawis ngabagyakeun sumpingna sasih Romadhon mah éta téh kalintang perluna, Kang Uus, Kitu Nya?. Da kuring jeung kulawarga ogé dina waktuna munggahan mah tara elat meuncit hayam, kitu nya?. Ngan jigana dina taun ieu mah asa moal ramé teuing siga taun kamari, kitu nya? Tah éta usulan anu kalintang loyogna sareng manah sim Kuring minangka Ketua Komite Sekolah, kitu nya?” Ceuk Abah Ukok ngajelaskeun.

“ Atuh sakantenan wé, urang bahas acara pawéy ta’aruf Ramadhan. Saurna bapa Bupati baris ngayakeun pawéy sagala keur ngabagyakeun sumpingna sasih Romadhon téh. Kuring mah siap da keur ngareuah-reuah éta acara. Kabeneran kuring boga grup bedug. Rék dibawa, iklhas kuring mah teu kudu dibayar, asal siapkeun wé bensin jeung mobilna, ogé tong poho kadaharan, da anu nakolan bedug téh jalma lain tangkal nangka, leres, kuring satuju sareng emutan Kang Uus sareng Abah Ukok. Kumaha anu sanésna???” Pok Kang Ikin, salaku ketua DKM Masjid Al-Ikhlas.

“ Satuju….! Satuju…!” Kabéh nyatujuan.

“ Duh déwék mah geus hayang nyundut bedil karbit da…” Ceuk hiji jalma kanu séjénna. Ngaharewos.

“ Kuring mah rék meuncit éntog wé, keur munggahan téh.” Pok anu séjén deui.

Rohangan jadi gandéng ku padungdengan anu ngarobrol kamana karep. Kabéh silih haréwos jeung papada baturna anu aya gigireun.

“ Punten..punten teu kénging garandéng…. janten para hadirin kumaha nyatujuan, upami sakola ngical buku pakét sareng LKS ka para murid. Pangaosna 300rébu, nawurna tiasa dicicil, sasemésteren.. Kumaha satujuuuuu????” Guru Atang anu ngomong.

“ Satujuuuuuu…..!” Tembal anu aya di dinya.

“ Kumaha Satujuuuuuu??!!!” Pok guru Atang deui.

“ Satujuuuuuuuuuuu… Satujuuuu…. Pisannnn!”

“ Hatur Nuhun….” Pok Guru Atang, “ Mangga Pa Udin ditutup baé ieu rapat.”

Pa Udin nangtung deui, culang cileung, asa-asa meureun, naha rapat téh geus bérés atawa acan. Ah, anggap baé bérés, ceuk haténa.

“ Tah kumargi tos réngsé, hayu atuh ayeuna mah urang tutup ku maos Alhamdulillah, Kitu nya, Pa Ketua Komite.?”

“ Aéh , muhun leres…leres, kitu pisan… Kitu nya hadirin?”

“ Leressss….”

Rapat ditutup, kabéh bubar. Rohangan jempling, Pa Udin masih diuk bari mikir, tarang lénang téh mingkin hérang.

“ Ah teuing… kumaha éngké baé ah.. rék macét rék henteu sabodo téh teuing! Mendingan catur ayeuna mah…!”

###

“ Kumaha manéh téh can mayar sapérak-pérak acan Harun?” Tanya Guru Atang ka si Harun, salah saurang murid kelas 5.

“ Saur Apa mah, artosna kaanggo heula kanggo mésér hayam Pa, peunciteun kanggo munggah.” Pokna, “ Ieu serat ti pun rama, Pa!”

“ Ah. Ampir kana satengahna kelas ieu can mayar sapérak-pérak acan. Kadé, minggu hareup kudu geus mimiti nyicil nya!!?” Pok Guru Atang.

Guru Atang pisan anu ditunjuk ku sakola jadi koléktor keur nagihan cicilan buku. Unggal poé manéhna mawa buku gedé siga anu biasa dipake ku Mang Abun tukang kiridit, abus ka unggal kelas.

Di sisi jalan anu nuju ka SDN Cikembung . Beulah kiduleun lembur ,dua urang jalma keur ngarobrol. Anu hiji mawa tustél, anu hiji deui mawa tas jeung kertas Notes.

“ Urang tanyakeun wé ka pihak sakola, Naha maké ngajual buku téh leuwih mahal ti harga pasar. Nya, biasa meureun, lamun aya uang bénsinan, ieu berita moal dimuat, lamun euweuh, apa boleh buat, berita ngeunaan menggelembungnya harga buku di SDN Cikembung baris dimuat, bakal ngaramékeun média lokal jeung nasional. Kitu nya, Kang?”

“ Sip…” Ceuk anu mawa tustél ngacungkeun jempol.

Maranéhna muru ka SDN Cikembung. Usum halodo, tengah poé éréng-éréngan, geus kaambeu seungitna bawang, konéng, cikur, hayam digoréng, ti imah séwang-séwangan. Poénan munggah keur lumangsung, isukan urang Cikembung rék nyanghareupan puasa. Angin ngahiliwir, karasa tiris meueusan sok sanajan panon poé manceran.

“ Kéak….!” Sora hayam dipeuncit.

Kang Warsa

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Syarat Izin Operasional Padepokan

PEMERINTAH KOTA SUKABUMI DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN Jl. Pelabuan II Km.5 Telp (0266) 221766 Sukabumi

PERSYARATAN IZIN OPERASIONAL SANGGAR/LINGKUNG SENI/ PADEPOKAN SENI
A.PERSYARATAN
1.Membuat Surat Permohonan Izin Operasional SK/Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan 2.Melengkapi Administrasi a.Photo Copy KTP pemilik/pimpinan organisasi. b.Pas Photo 3x4 (2 lembar). c.Membuat Surat Permohonan Izin Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan. 3.Kelengkapan Database a.Sanggar : -Harus ada murisd yang terdata. -Profil/ Daftar Struktur Organisasi sanggar. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan Buku Induk Peserta kursus sanggar. b.Lingkung Seni : -Profil/ Daftar Struktur Organisasi Lingkung Seni. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan  bukti kegiatan Lingkung Seni. c.Padepokan :

Review Buku: Islam Pascakolonial

Resume Buku: Kyai dan Perubahan Sosial

Buku karya Hiroko Horikoshi berjudul Kyai dan Perubahan Sosial membahas tentang kyai dan ulama di Perdesaan Jawa Barat, Indonesia. Kyai dan ulama adalah gelar ahli agama Islam. Lokus penelitian dilakukan oleh Horikoshi di Kampung Cipari, Garut. Hal penting yang diinginkan dalam penelitiannya tersebut adalah menjawab sebuah persoalan penting yang sering diperdebatkan selama beberapa tahun tentang peran kyai dalam perubahan sosial. Geertz pernah menyoal antara kyai, santri, dan abangan, namun dalam karya Geertz tersebut masih ada kontradiksi pernyataan, tidak tegas, sering muncul pertentangan satu sama lain. Satu sisi Geertz menyebutkan kyai sebagai pemantik ‘kebebasan berusaha’, namun pada sisi lain ia menyebutkan kyai sebagai pemantik bagi masyarakat dalam pengejaran kehidupan di akhirat nanti, hanya bergumul pada persoalan pahala dan dosa saja.[1]




[1] Zamakhsarie Dhofier. 1982. Tradisi Pesantren: Studi tentang Pandangan Hidup Kyai. Jakarta: LP3ES. Hal 5.

Kang Warsa - 2014