Langsung ke konten utama

Basa Prokém

Henteu saeutik, istilah jeung kecap atawa kalimah anu diucapkeun dina hiji jaman geus jarang atawa sama sakali teu dipaké deui ku jalma anu hirup di jaman sanggeus sawindu atawa sababaraha taun éta kecap, istilah, jeung kalimah ramé diucapkeun. Salah sahiji kaistiméwaan Basa anu dipimilik ku jalma nyaéta anu ngaranna Basa ngalaman usik jeung ngagésér, hiji kecap jeung istilah bakal diganti ku kecap atawa istilah anu anyar. Sababaraha ahli linguistik nyebutkeun, contona Noam Chomsky, usik jeung ngagésérna kecap jeung istilah dina kahirupan jalma teu leupas tina pangaruh kaayaan jeung lingkungan anu ngabalukarkeun komunikasi hiji jalma, kecap anu diucapkeun dipéngparkeun kana hal anu aya patula patalina jeung kahirupan.

Basa slang anu teu disebut basa resmi biasana anu ngalaman rupaning parobahan téh. Bisa disebut “révolusi bahasa”. Ku urang lembur mah basa slang téh sok disebut basa prokém atawa basa okém. Ceuk sakaol mah basa slang mimiti sumarambah kana kahirupan téh dipedar ku géng-géng di Amérika. Daérah-daérah sub-urban di pasisian New York anu lolobana ditempatan ku kelompok , géng ti sababaraha étnis ngalahirkeun basa-basa slang anu asalna mah dijadikeun basa sandi anu ngan dipikaharti ku anggahota géngna wungkul. Kadieunakeun, basa-basa slang teu jauh béda jeung kakawasaan politik disebarkeun ka sakuliah dunya. Siga kalimah “ What’s up?!” Lamun dilarapkeun ka jalma-jalma tahun 1800-an, pasti maranéhna nalika aya jalma anu ngomong kitu bakal langsung tanggah ka luhur.

Ieu henteu jauh béda jeung diucapkeun kalimah, “ Kuring arék ulin ka luhur!” anu nyebar di wewengkon kiduleun puseur dayeuh Kota Sukabumi dina taun 1980-an. Maksudna tangtu lain arék ulin ka langit atawa hiber tapi arék ulin ka dayeuh, ka kota anu tempatna aya beulah tonggoheun wewengkon beulah landeuh. Ngan tangtu baé kecap “luhur” éta lain hartina wewengkon kota atawa dayeuh leuwih pinunjul dina masalah sosial ti wewengkon pasisian , sabab keur urang Salabintana mah lamun arék ulin ka kota maranéhna pasti nyebut “ Kuring arék ulin ka handap!”. Kalimah ieu mimiti kahupus jeung jarang dipaké deui nalika wewengkon-wewengkon anu aya di kiduleun Kota Sukabumi dipulut asup ka wilayah kakawasaan Kota.

Aya kecap anu disalah tempatkeun dina méré harti kana éta kecap tapi lamun diakurkeun jeung kalakuan jalma aya benerna ogé. Gaya hirup pamuda taun 1970-tungtung 1980, buuk di a la Duran-Durankeun, leungeun baju diteukteuk semet kélék, dina leungeun dipapaésan ku tato, keur jalma-jalma kitu sok disebut ‘ okém ‘ atawa ‘jéger’. Kecap okém ogé mangrupa basa slang, basa henteu resmi anu nunjukkeun sikep jalma-jalma pasisian, ogé bisa nuduhkeun watek jalma kampung anu kampungan. Tapi ku urang kampung sorangan, kecap ieu saolah ditujukeun ka jalma-jalma anu ngébréhkeun éksisténsina béda jeung kaumuman jalma séjén. Mangsa keur SD kénéh mah kusabab barudak hayang disebut ‘okém’ sok ngahaja tungtung leungeun baju ditilepkeun, buuk tukang disaké nyengklik, anu séjénna gado ngahaja dibeulah ngageleng kalawan digésrék-gésrék ku tungtung kerah baju nepi ka jariih siga budug. Nya tangtu baé, ieu mangrupa déviasi tina kahirupan normal, kahirupan normatif anu dipikahayang.

Basa sandi anu sok disebut basa sani atawa basa Widal mimiti nyebar ka wewengkon pasisian. Basa sandi ieu jigana ngan sumebar di Sukabumi. Hiji basa ku cara ngaganti hurup-hurup konsonan. Ieu bisa jadi mangrupa sandi keur generasi taun 40-70an. Jarang anu ngayakeun panalungtikeun naon kasang-tukang jeung saha anu ngamimitian ngagunakeun ieu basa. Keur jalma anu dumuk di wewengkon Tipar mah jigana basa sandi mangrupa basa sapopoé, nyebar ka wewengkon anu deukeut jeung daérah Tipar dina taun 1980-an. Keur wewengkon anu aya di daérah pasisian Sukabumi, masih aya anu can ngartikeun lamun aya jalma anu ngucapkeun basa sandi ieu. Henteu kapalang, révolusi basa resmi kana basa sandi téh révolusi basa anu sifatna massive, sabab kabéh huruf konsonan diganti ku hurup séjén kajaba huruf-huruf vokal nu teu diganti téh ari lain kucara nambahan “Ny” di awal huruf vokal. Contona saperti kecap “Yakeb” ngaganti kecap “Manéh.” Hurup Y=M, N=K, jeung B=H. Nepi ka ayeuna, basa sandi masih digunakeun ku jalma-jalma anu aya di sabudeureun dayeuh Sukabumi.

Kecap ‘kémé’ atawa ‘cipol’ sok dipaké ku para jéger atawa ‘okém’ anu pihartieunna tenggeul, gebug, atawa gebotan. Méméh taun 1990-an mah lamun aya papaséaan remen pisan ngucapkeun, “ Gebotan, euy!”. Harti saujratna kecap gebot mémang gebug, ngan biasana dilarapkeun ka kolot anu keur méré hukuman ka anu jadi budak. Hartina jadi ngalegaan nyaéta neunggeulan batur waktu aya papaséaan.

Kecap ‘balég’ anu nuduhkeun kaayaan geus sawawana pola pikir hiji jalma. Komo lamun dihartikeun ku syaré’at mah nyaéta nalika hiji jalma geus manjing umur, kakeunaan ku hukum-hukum taklifi, diucapkeun jadi leuwih heureut, nunjukeun kasanggupan jeung kaseurieusan hiji jalma. Nalika aya jalma anu teu eucreug ngalakonan hiji hal, ku baturna bakal disebut, “ Ah, teu balég , Manéh mah!”

Dina mimiti réformasi, geus jadi sabiwir hiji barudak ngucapkeun kalimah, “ Ih, duka nya teu nyedot!” lamun manggihan perkara anu teu sapagodos jeung kahayang. Siga dina paguneman ieu. “ Néng, akang bogoh da ka salira!” lamun awéwé anu disebut Enéng éta teu resepeun atawa pura-pura henteu suka bakal ngomong, “ Ih, duka nya teu nyedot!”. Meureun maksud kecap ‘nyedot’ di dinya téh narik. Ka dieunakeun mah sok ditémbalan, “ Sedotkeun we ku selang!”. Kecap ‘nyambung’ boga harti ngahijikeun hiji barang saperti tali atawa tambang. Dina taun 2000an mah kecap ieu saperti jadiprimadona nalika aya hiji jalma anu ngomong atawa ngalakukeun hiji hal anu papalimpang jeung tetekon, diucapkeun baé kalimah, “ Teu nyambung ngomong jeung manéh mah!”.

Masih loba sabenerna basa slang anu digunakeun ku jalma-jalma di tatar Pasundan ieu. Geus tangtu, ieu mangrupa khazanah ;kumaha jembar jeung beungharna basa anu dipimilik ku jalma. Basa verbal nu dipimilik ku jalma mangrupa hiji tanda kumaha unikjeung béda-na jalma ti mahluk séjén. Sababaraha taun ka tukang, aya istilah ‘ lalaki pocong’ anu ditujukeun ka tiap lalaki anu ditinggalkeun ku pamajikanna kusabab gawé kanu jauh umpamana ka Arab saudi. Istilah ‘lalaki pocong’ ieu teu pati euyeub dipaké di wewengkon-wewengkon kota.

Moal jauh deui, sababaraha bulan atawa taun ka hareup, kecap, basa, istilah, jeung kalimah-kalimah anyar bakal kaluar deui. Dipaké ku jalma-jalma anu aya di hiji wewengkon keur nuduhkeun hiji hal anu dipikahayang kusabab loyog jeung kaayaan jeung kahirupan jalma. [ ]

KANG WARSA

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Syarat Izin Operasional Padepokan

PEMERINTAH KOTA SUKABUMI DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN Jl. Pelabuan II Km.5 Telp (0266) 221766 Sukabumi

PERSYARATAN IZIN OPERASIONAL SANGGAR/LINGKUNG SENI/ PADEPOKAN SENI
A.PERSYARATAN
1.Membuat Surat Permohonan Izin Operasional SK/Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan 2.Melengkapi Administrasi a.Photo Copy KTP pemilik/pimpinan organisasi. b.Pas Photo 3x4 (2 lembar). c.Membuat Surat Permohonan Izin Sanggar/Lingkung Seni/Padepokan. 3.Kelengkapan Database a.Sanggar : -Harus ada murisd yang terdata. -Profil/ Daftar Struktur Organisasi sanggar. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan Buku Induk Peserta kursus sanggar. b.Lingkung Seni : -Profil/ Daftar Struktur Organisasi Lingkung Seni. -Sudah berjalan satu tahun dengan melampirkan  bukti kegiatan Lingkung Seni. c.Padepokan :

Review Buku: Islam Pascakolonial

Resume Buku: Kyai dan Perubahan Sosial

Buku karya Hiroko Horikoshi berjudul Kyai dan Perubahan Sosial membahas tentang kyai dan ulama di Perdesaan Jawa Barat, Indonesia. Kyai dan ulama adalah gelar ahli agama Islam. Lokus penelitian dilakukan oleh Horikoshi di Kampung Cipari, Garut. Hal penting yang diinginkan dalam penelitiannya tersebut adalah menjawab sebuah persoalan penting yang sering diperdebatkan selama beberapa tahun tentang peran kyai dalam perubahan sosial. Geertz pernah menyoal antara kyai, santri, dan abangan, namun dalam karya Geertz tersebut masih ada kontradiksi pernyataan, tidak tegas, sering muncul pertentangan satu sama lain. Satu sisi Geertz menyebutkan kyai sebagai pemantik ‘kebebasan berusaha’, namun pada sisi lain ia menyebutkan kyai sebagai pemantik bagi masyarakat dalam pengejaran kehidupan di akhirat nanti, hanya bergumul pada persoalan pahala dan dosa saja.[1]




[1] Zamakhsarie Dhofier. 1982. Tradisi Pesantren: Studi tentang Pandangan Hidup Kyai. Jakarta: LP3ES. Hal 5.

Kang Warsa - 2014